Jabur
Jabur karangan Daud.
26 Nun Yéhuwa, pasihan abdi kaadilan lantaran salami ieu abdi tos satia.*
Abdi percaya ka Yéhuwa, teu bingbang saeutik-eutik acan.
2 Nun Yéhuwa, pariksa sarta uji abdi.
Murnikeun haté jeung pikiran abdi nu pangjerona.
3 Abdi terus mikirkeun asih satia Gusti,
Abdi gé terus leumpang di jalan Gusti nu bener.
5 Abdi teu resep babarengan jeung jalma dosa,
Abdi embung gaul* jeung jalma jahat.
6 Abdi bakal ngumbah leungeun tanda teu salah,
Abdi bakal ngurilingan mézbah Gusti, nun Yéhuwa,
7 Supaya ucapan sukur abdi kadangu
Sarta abdi tiasa nguarkeun sagala padamelan Gusti nu hébat.
8 Yéhuwa, abdi cinta ka bumi Gusti, panglinggihan Gusti,
Tempat jalma-jalma tiasa ningali kamulyaan Gusti.
9 Abdi ulah disingkirkeun bareng jeung jalma-jalma dosa.
Nyawa abdi ulah dicandak bareng jeung jalma-jalma nu kejem,*
10 Nu kalakuanana ngérakeun,
Sarta nu leungeun katuhuna pinuh ku panyogok.
11 Tapi abdi mah bakal terus satia.*
Sing karunya ka abdi, salametkeun* abdi.
12 Abdi nangtung di tempat nu rata.
Abdi bakal muji Yéhuwa di antara kumpulan jamaah.