Jabur
Jabur karangan Daud.
28 Nun Yéhuwa, Gunung Batu abdi, abdi terus sasambat ka Gusti,
Dangukeun abdi.
Upami Gusti teu ngajawab,
Abdi bakal jiga jalma nu turun ka liang kubur.
2 Gusti, dangukeun waktu abdi sasambat ménta tulung,
Waktu abdi ngadoa nadahkeun leungeun ka arah rohangan nu pangjerona di tempat suci Gusti.
3 Abdi ulah dihukum bareng jeung nu jahat, nu sok nyilakakeun batur,
Nu omonganana manis tapi haténa mah jahat.
4 Bales kalakuan maranéhna
Satimpal jeung kajahatanana.
Bales lalampahan maranéhna
Satimpal jeung tindakanana.
5 Sabab maranéhna teu paduli kana tindakan Yéhuwa
Sarta naon nu dipidamel ku panangan-Na.
Maranéhna bakal diruntuhkeun ku Anjeunna sarta moal diadegkeun deui.
6 Mugia Yéhuwa dipuji,
Lantaran Anjeunna ngadangukeun waktu abdi sasambat ménta tulung.
7 Yéhuwa téh kakuatan jeung taméng abdi,
Abdi percaya ka Anjeunna sapinuh haté.
Abdi geus ditulungan, haté abdi jadi gumbira.
Abdi bakal nyanyi kanggo muji Anjeunna.
8 Yéhuwa téh kakuatan keur umat-Na.
Anjeunna téh bénténg nu nyalametkeun jalma nu dilantik ku Anjeunna.
9 Salametkeun umat Gusti sarta berkahan jalma-jalma milik Gusti.
Mugia Gusti jadi pangangon maranéhna sarta ngais maranéhna dina panangan Gusti salamina.