Jabur
Lagu karangan Daud.
29 Hé mahluk-mahluk perkasa,* puji Yéhuwa.
Puji Yéhuwa lantaran Anjeunna mulya jeung kuat.
2 Mulyakeun Yéhuwa lantaran nami-Na layak dimulyakeun.
Pék sujud ka* Yéhuwa bari maké baju suci.*
3 Sora Yéhuwa kadangu di luhureun awan,*
Sora Allah nu mulya kawas guludug.
Yéhuwa aya di luhureun awan nu kandel.*
4 Sora Yéhuwa téh pinuh kawasa,
Sora Yéhuwa téh luar biasa.
5 Sora Yéhuwa ngaruntuhkeun tangkal-tangkal aras.
Yéhuwa ngancurkeun tangkal-tangkal aras di Lébanon.
6 Anjeunna ngalantarankeun Pagunungan Lébanon ngajleng kawas anak sapi,
Sarta Gunung Sirion luncat kawas anak banténg.
7 Sora Yéhuwa ngagulugur dibarengan ku kilat tingjorélat.
8 Sora Yéhuwa ngalantarankeun tanah gurun ngadégdég.
Yéhuwa ngalantarankeun Tanah Gurun Kadés ngadégdég.
9 Sora Yéhuwa ngalantarankeun uncal bikang ngadégdég tuluy ngajuru
Sarta ngalantarankeun leuweung-leuweung jadi gundul.
Sakabéh nu aya di bait-Na ngagero, ”Mulyakeun Allah!”
10 Yéhuwa calik dina tahta-Na di luhureun cai nu loba.*
Yéhuwa téh Raja nu bakal maréntah salalanggengna.
11 Yéhuwa bakal nguatkeun umat-Na.
Yéhuwa bakal ngaberkahan umat-Na ku katengtreman.