Jabur
Keur pamingpin musik. Lagu karangan Daud.
40 Abdi bener-bener ngaharep ka* Yéhuwa,
Tuluy Anjeunna dongko pikeun ngadangukeun panyambat abdi ménta tulung.
2 Anjeunna ngajait* abdi tina liang anu caina motah,
Tina rawa anu pinuh ku leutak.
Abdi ditempatkeun dina batu cadas ku Anjeunna,
Suku abdi disina napak ajeg.
3 Anjeunna ngajarkeun lagu anyar ka abdi,
Lagu keur muji Allah urang sadaya.
Seueur nu bakal naringali bari tajub
Sarta palercaya ka Yéhuwa.
4 Bagja jalma nu percaya ka Yéhuwa
Sarta nu teu nuturkeun jalma barontak atawa jalma nu sok nipu.*
5 Nun Yéhuwa Allah abdi,
Sakitu seueurna nu tos dipidamel ku Gusti, sadayana éndah.
Gusti gé terus mikirkeun abdi sadaya.
Teu aya anu sapertos Gusti.
Upami badé disebutkeun jeung dicarioskeun sadayana mah,
Éta téh moal tiasa dicaritakeun bakating ku seueur-seueurna!
6 Gusti teu hoyong* dipasihan korban sato jeung korban séjénna.
Tapi Gusti muka ceuli abdi, jadi abdi bisa ngadangu hukum Gusti.
Gusti teu nyuhunkeun korban beuleuman jeung korban pangampura dosa.
7 Seug abdi nyarios, ”Ieu abdi.
Dina gulungan,* aya tulisan ngeunaan abdi.
8 Nun Allah abdi, abdi resep* pisan ngajalankeun kahoyong Gusti.
Hukum Gusti aya dina haté abdi.
9 Abdi ngémbarkeun warta hadé ngeunaan kaadilan Gusti di antara kumpulan jamaah.
Nun Yéhuwa, Gusti gé terang pisan
Abdi moal jempé waé.
10 Kaadilan Gusti moal dipendem waé dina haté abdi.
Abdi ngabéwarakeun kasatiaan Gusti sarta kasalametan ti Gusti.
Abdi moal nyumputkeun asih satia sarta bebeneran ti Gusti di antara kumpulan jamaah.”
11 Nun Yéhuwa, ulah nahan welas asih Gusti ka abdi.
Mugia asih satia jeung bebeneran ti Gusti terus ngajaga abdi.
12 Abdi dikepung ku kasusah anu sakitu seueurna, nepi ka teu tiasa diitung.
Kasalahan abdi téh seueur pisan nepi ka abdi teu tiasa ningali jalan abdi sorangan,
Éta langkung seueur tibatan buuk dina sirah abdi.
Abdi téh pegat harepan.
13 Nun Yéhuwa, sing karunya ka abdi, salametkeun abdi.
Nun Yéhuwa, énggal tulungan abdi.
14 Mugia kabéh nu hayang nyabut nyawa abdi
Disina éra jeung dihina.
Mugia nu bungah ningali abdi susah
Mundur jeung direndahkeun.
15 Mugia jalma nu ngomong ka abdi, ”Puas siah!”
Jadi reuwas jeung éra.
16 Tapi, mugia jalma nu ngalalayanan Gusti
Gumbira jeung suka bungah ku lantaran Gusti.
Mugia jalma nu ngarep-ngarep kasalametan ti Gusti nyarios kieu terus,
”Mugia Yéhuwa diagungkeun.”
17 Tapi abdi téh teu walakaya jeung miskin.
Mugia abdi diperhatikeun ku Yéhuwa.
Gusti téh nu nulungan jeung nyalametkeun abdi.
Nun Allah abdi, énggal tulungan abdi.