Jabur
Keur pamingpin musik. Lagu karangan Daud.
41 Bagja jalma nu sok tutulung ka jalma leutik.
Yéhuwa bakal nyalametkeun waktu manéhna keur kasusahan.
2 Yéhuwa bakal ngajaga manéhna tetep hirup.
Batur bakal ningali, manéhna téh jalma bagja di bumi.
Gusti moal nyerahkeun manéhna ka musuh-musuhna.
3 Yéhuwa bakal nguatkeun waktu manéhna gering ngagolér.
Gusti bakal ngarawat manéhna salila manéhna gering.
4 Ceuk abdi téh, ”Nun Yéhuwa, sing karunya ka abdi.
Cageurkeun abdi lantaran abdi tos ngalakukeun dosa ka Gusti.”
5 Tapi musuh-musuh abdi ngomong jahat ngeunaan abdi,
”Iraha manéhna paéh méh teu diinget-inget deui?”
6 Lamun salah saurang ti maranéhna ngalongok abdi, omonganana téh munapék.
Manéhna ngumpulkeun carita-carita goréng ngeunaan abdi,
Seug indit tuluy nguar-nguar ka mamana.
7 Kabéh nu ngéwa ka abdi tingharéwos.
Maranéhna nyieun siasat jahat keur abdi sarta ngomong kieu,
8 ”Geringna ripuh pisan.*
Ayeuna keur ngagolér, geus moal bisa hudang deui.”
9 Malah sobat dalit gé, nu dipercaya ku abdi,
Nu dahar bareng jeung abdi, malik ngamusuhan abdi.*
10 Tapi sing karunya ka abdi, nun Yéhuwa, cageurkeun abdi,
Supaya abdi tiasa ngabales maranéhna.
11 Lamun musuh teu tiasa ngéléhkeun abdi,
Abdi jadi terang Gusti téh resep ka abdi.
12 Gusti ngadukung lantaran abdi satia.
Gusti bakal nampi abdi di payuneun Gusti salamina.
13 Mugia Yéhuwa, Allahna Israél,
Dipuji salalanggengna.
Amin. Amin.