Jabur
Keur pamingpin musik. Jabur karangan turunan Korah. Maskil.*
44 Nun Allah, abdi sadaya tos ngadangu nyalira,
Karuhun abdi sadaya tos nyaritakeun
Tindakan Gusti di jaman maranéhna,
Di jaman baheula.
2 Gusti ngusir bangsa-bangsa ku panangan Gusti
Sarta nempatkeun karuhun abdi di ditu.
Gusti ngancurkeun bangsa-bangsa sarta ngusir maranéhna.
3 Karuhun abdi bisa ngarebut nagri éta lain ku pedangna sorangan.
Maranéhna bisa unggul téh lain ku leungeunna sorangan.
Tapi, éta ku lantaran panangan katuhu Gusti, kakuatan Gusti, sarta cahaya tina raray Gusti,
Sabab Gusti nyaah ka maranéhna.
4 Nun Allah, Gusti téh Raja abdi.
Pasihan kaunggulan nu gedé ka* Yakub.
5 Ku kakuatan ti Gusti, abdi sadaya bakal ngusir musuh-musuh.
Ku nami Gusti, abdi sadaya bakal ngéléhkeun saha waé anu ngalawan.
6 Abdi teu ngandelkeun busur panah abdi.
Pedang abdi moal nyalametkeun abdi.
7 Nya Gusti nu nyalametkeun abdi sadaya ti musuh-musuh.
Gusti nu ngarendahkeun jalma-jalma nu ngéwa ka abdi sadaya.
8 Abdi sadaya bakal muji Allah sadinten jeput.
Abdi sadaya bakal ngucap sukur ka nami Gusti salamina. (Sela)
9 Tapi ayeuna Gusti tos nolak sarta ngarendahkeun abdi sadaya.
Gusti henteu nyarengan pasukan abdi sadaya.
10 Ku lantaran Gusti, abdi sadaya jadi mundur ti musuh.
Abdi sadaya dijarah ku jalma-jalma nu ngaréwaeun.
11 Gusti nyerahkeun abdi sadaya ngarah dipaéhan siga domba.
Gusti mencarkeun abdi sadaya di antara bangsa-bangsa.
12 Gusti ngajual umat Gusti ku harga nu murah.
Gusti teu meunang untung ti dinya.
13 Ku lantaran Gusti, abdi sadaya dihina ku tatangga-tatangga,
Dipoyokan jeung diseungseurikeun ku jalma-jalma di sakurilingeun.
14 Ku lantaran Gusti, abdi sadaya dijadikeun sindiran di antara bangsa-bangsa.
Maranéhna gogodeg ngahina.
15 Abdi ngarasa direndahkeun sadinten jeput.
Abdi gé ngarasa éra pisan,
16 Lantaran abdi ngadangu maranéhna moyokan jeung ngahina,
Lantaran musuh ngabales abdi sadaya.
17 Ieu sadayana kaalaman, tapi abdi sadaya henteu hilap ka Gusti,
Sareng henteu ngalanggar perjangjian Gusti.
18 Haté abdi sadaya henteu méngpar ti Gusti.
Léngkah abdi sadaya gé henteu nyimpang ti jalan Gusti.
19 Tapi, Gusti ngancurkeun abdi sadaya di sayang anjing leuweung.
Gusti nutupan abdi sadaya ku kalangkang* nu kacida poékna.
20 Lamun abdi sadaya hilap ka nami Allah abdi sadaya,
Atawa nadahkeun leungeun pikeun ngadoa ka Allah asing,
21 Gusti bakal terang, pan?
Gusti terang kana rasiah haté.
22 Lantaran jadi umat Gusti, unggal waktu* abdi sadaya kaancam bahaya pati,
Disamikeun kawas domba peunciteun.
23 Nun Yéhuwa, ku naon Gusti téh kulem waé?
Gugah atuh, tulungan! Abdi sadaya ulah ditinggalkeun salamina.
24 Ku naon Gusti miceun beungeut?
Ku naon Gusti mopohokeun kabalangsakan jeung kasangsaraan abdi sadaya?
25 Abdi sadaya direndahkeun nepi ka siga kekebul.
Awak abdi sadaya ngajoprak dina taneuh.
26 Tulungan abdi sadaya, Gusti!
Salametkeun abdi sadaya lantaran Gusti téh nyaahan.*