Jabur
Keur pamingpin musik: Maké gaya Mahalat.* Maskil.* Jabur karangan Daud.
53 Di jero haté, jalma bodo* mah ngomong,
”Yéhuwa téh euweuh.”
Kalakuan maranéhna teu bener, jahat, sarta pikageuleuheun.
Euweuh nu lalampahanana hadé.
2 Tapi ti sorga, Allah merhatikeun manusa
Pikeun ningali sugan aya kénéh nu bijaksana, sugan aya kénéh nu néangan pituduh Yéhuwa.
3 Kabéh jalma geus nyimpang,
Kabéhanana barejad.
Euweuh nu lalampahanana hadé,
Euweuh saurang-urang acan.
4 Jalma jahat téh teu ngalartieun kitu?
Maranéhna henteu sasambat ka Yéhuwa.
Maranéhna ngalegleg umat-Na siga ngadahar roti.
5 Tapi maranéhna bakal sieun kabina-bina.
Maranéhna can pernah ngarasa sieun jiga kitu,*
Sabab Allah bakal ngawur-ngawurkeun tulang-taléng jalma-jalma nu nyerang Israél.
Israél bakal ngarendahkeun maranéhna, lantaran Yéhuwa geus nolak maranéhna.
6 Hé Israél, mugia kasalametan manéh datang ti Zion!
Mugia Yakub gumbira, mugia Israél suka bungah
Waktu Yéhuwa ngumpulkeun deui umat-Na nu ditawan.