Jabur
Keur pamingpin musik: Pikeun diiring ku alat musik nu maké senar. Maskil.* Jabur karangan Daud, waktu urang Zif ngalapor ka Saul, ”Daud téh keur nyumput di daérah urang.”
54 Nun Allah, salametkeun abdi ku nami Gusti,
Sarta béla abdi* ku kakuatan Gusti.
2 Nun Allah, dangukeun doa abdi.
Perhatikeun kekecapan nu kaluar tina biwir abdi.
3 Sabab urang asing ngalawan abdi,
Sarta jalma-jalma nu kejem ngincer nyawa abdi.
Maranéhna teu sieun ka Allah.* (Sela)
4 Allah téh panulung abdi.
Yéhuwa nyarengan jalma-jalma nu ngadukung abdi.
5 Anjeunna bakal ngabales musuh-musuh abdi ku kajahatanana sorangan.
Mugia maranéhna dibinasakeun* ku Gusti, sabab Gusti téh satia.
6 Abdi bakal iklas nyanggakeun korban keur Gusti.
Nun Yéhuwa, abdi bakal muji nami Gusti nu hadé.
7 Sabab Gusti nyalametkeun abdi tina unggal kasusah.
Abdi gé bakal nyaksian musuh-musuh abdi diéléhkeun.