Jabur
Keur pamingpin musik: Dumasar kana ”Japati Bisu di Tempat nu Jauh”. Miktam.* Jabur karangan Daud, waktu manéhna ditéwak ku urang Filistin di Gat.
56 Sing karunya ka abdi, nun Allah, lantaran jalma-jalma pada nyerang* abdi.
Sapoé jeput maranéhna ngalawan jeung nindes abdi.
2 Musuh-musuh nyerang abdi sapanjang poé.
Ku sombongna, maranéhna merangan abdi.
3 Waktu abdi nuju sieun, abdi percaya ka Gusti.
4 Abdi ngandel ka Gusti, jadi abdi moal sieun.
Abdi muji Anjeunna ku lantaran firman-Na.
Rék bisa naon manusa ka abdi?
5 Sapoé jeput hayoh wéh maranéhna nyusahkeun abdi.
Kahayangna téh ngan nyilakakeun abdi.
6 Maranéhna nyumput jeung ngadodoho rék nyerang abdi.
Maranéhna ngawas-ngawas unggal léngkah abdi,
Pada harayangeun maéhan.
7 Nun Allah, hukum maranéhna lantaran kajahatan maranéhna.
Tumpes bangsa-bangsa ku amarah Gusti.
8 Waktu abdi jadi buronan, unggal kasusah abdi dicatet ku Gusti.
Keclak cipanon abdi ditampung ku Gusti dina kantong cai* Gusti.
Éta sadayana tos ditulis dina buku Gusti.
9 Musuh-musuh bakal mundur dina poé abdi ménta tulung ka Gusti.
Abdi yakin, Allah téh aya di pihak abdi.
10 Abdi percaya ka Allah, ka Anjeunna abdi muji ku karana firman-Na.
Abdi percaya ka Yéhuwa, ka Anjeunna abdi muji ku karana firman-Na.
11 Abdi ngandel ka Gusti, jadi abdi moal sieun.
Rék bisa naon manusa ka abdi?
12 Nun Allah, abdi kabeungkeut ku ikrar abdi ka Gusti.
Abdi bakal nyanggakeun korban ucapan sukur ka Gusti.
13 Gusti téh tos nyalametkeun abdi tina ajal
Sarta ngajaga suku abdi ambéh teu titajong,
Ku kituna abdi bisa terus hirup sarta leumpang di payuneun Gusti.