Jabur
Keur pamingpin musik: Dumasar kana ”Ulah Ngancurkeun”. Miktam.* Jabur karangan Daud, waktu manéhna diudag-udag Saul tuluy kabur ka guha.
57 Sing karunya ka abdi, nun Allah. Sing karunya ka abdi,
Sabab abdi nyalindung ka Gusti.
Abdi nyalindung dina kalangkang* jangjang Gusti nepi ka sagala kasusah abdi sirna.
2 Abdi sasambat ka Allah Nu Maha Agung,
Ka Allah nu bener, nu nyingkirkeun sagala kasusah abdi.
3 Anjeunna bakal masihan bantuan ti sorga sarta nyalametkeun abdi.
Anjeunna bakal ngagagalkeun rencana jalma nu rék nyerang abdi. (Sela)
Allah bakal némbongkeun kanyaah-Na* jeung kasatiaana-Na.
4 Abdi dikepung ku jalma-jalma nu kawas singa,
Saré gé di antara jalma-jalma nu rék ngalegleg abdi.
Huntu maranéhna kawas tumbak jeung anak panah,
Létah maranéhna kawas pedang seukeut.
5 Nun Allah, mugia kaagungan Gusti ngaluhuran langit.
Mugia kamulyaan Gusti ditémbongkeun di sakuliah bumi.
6 Musuh-musuh masang jaring pikeun ngajiret suku abdi.
Abdi dibeungbeuratan ku kasedih.
Maranéhna ngagali lombang di hareupeun abdi,
Tapi maranéhna sorangan nu tigebrus ka dinya. (Sela)
7 Haté abdi pengkuh, nun Allah,
Haté abdi pengkuh.
Abdi bakal nyanyi jeung maén musik kanggo muji Gusti.
8 Geura hudang, hé haté.*
Geura hudang, hé harpa jeung alat musik nu maké senar.
Abdi rék ngageuingkeun pajar.
9 Abdi bakal muji Gusti di antara jalma réa, nun Yéhuwa.
Abdi bakal ngawihkeun pupujian* kanggo Gusti di antara bangsa-bangsa.
10 Asih satia Gusti téh pohara ageungna, luhur nepi ka langit,
Sarta kasatiaan Gusti nepi ka angkasa.
11 Nun Allah, mugia kaagungan Gusti ngaluhuran langit.
Mugia kamulyaan Gusti ditémbongkeun di sakuliah bumi.