Jabur
Keur pamingpin musik: Dumasar kana ”Ulah Ngancurkeun”. Jabur karangan Daud. Miktam.*
58 Hé manusa, ku naon caricing waé? Padahal kuduna mah maranéh téh ngomongkeun nu bener.
Maranéh lamun ngahakiman téh bisa bener teu?
2 Maranéh mah ngadon ngararancang nu teu bener di jero haté.
Leungeun maranéh gé ngalampahkeun kakerasan di sakuliah nagri.
3 Ti barang lahir,* kalakuan jalma jahat mah geus ruksak.
Ti saprak dilahirkeun, maranéhna téh geus sasab jeung resep nipu.
4 Omongan maranéhna téh kawas peurah oray.
Maranéhna torék kawas kobra nu embung ngadéngé.
5 Éta kobra moal ngadéngé sora pawangna,
Teu sual sakumaha hébat mantrana.
6 Nun Allah, teunggeul huntu maranéhna nepi ka caroplok!
Nun Yéhuwa, remukkeun rahang jalma-jalma nu kawas singa éta!*
7 Mugia maranéhna leungit lir cai nu ngalir nepi ka saat.
Mugia Anjeunna ngabengkungkeun busur panah-Na, ku kituna maranéhna tijengkang ku panah-Na.
8 Mugia maranéhna kawas kéong nu téréh paéh,*
Kawas orok nu maot saacan lahir, nu teu kungsi ningali panonpoé.
9 Maranéh ngaduruk rurungkunan keur manaskeun panci.
Tapi saacan pancina panas, rurungkunan éta geus disingkirkeun ti heula ku Allah maké angin topan, boh rungkun nu baseuh kénéh boh nu geus kaduruk.
10 Jalma bener bakal bungah waktu ningali jalma jahat dibales.
Sukuna bakal kakeueum ku getih maranéhna.
11 Jalma-jalma bakal ngomong, ”Nu bener mah pasti dibéré ganjaran.
Allah nu ngahakiman bumi téh mémang aya.”