Jabur
Keur pamingpin musik: Dumasar kana ”Ulah Ngancurkeun”. Miktam.* Jabur karangan Daud, waktu Saul nitah sababaraha jalma ngawas-ngawas imahna Daud pikeun maéhan manéhna.
59 Nun Allah abdi, salametkeun abdi ti musuh-musuh abdi.
Jaga abdi ti jalma-jalma nu rék nyerang abdi.
2 Salametkeun abdi ti jalma-jalma nu kalakuanana jahat,
Sarta luputkeun abdi ti jalma-jalma kejem.*
3 Tingali, nun Yéhuwa, maranéhna ngadodoho abdi.
Jalma-jalma kuat nyerang abdi,
Padahal abdi teu barontak atawa gaduh dosa.
4 Sanajan abdi teu nyieun salah, maranéhna buru-buru rék nyerang abdi.
Abdi ménta tulung ka Gusti, énggal salametkeun abdi, tingali kalakuan maranéhna.
5 Nun Yéhuwa, Allah pangawasa pasukan sorga, Gusti téh Allahna Israél.
Énggal Gusti, pariksa naon nu dilakukeun ku bangsa-bangsa.
Ulah karunya ka jalma jahat tukang ngahianat. (Sela)
6 Unggal peuting, maranéhna daratang.
Maranéhna ngagerem* kawas anjing sarta kukulayaban di kota.
7 Dangukeun, omongan maranéhna téh jahat.
Biwirna téh lir pedang.
Ceuk maranéhna, ”Ah, moal aya nu ngadéngé ieuh.”
8 Tapi maranéhna bakal diseungseurikeun ku Gusti, nun Yéhuwa.
Kabéh bangsa bakal dipoyokan ku Gusti.
9 Nun Allah, Kakuatan abdi, abdi bakal terus ngantosan Gusti,
Sabab Gusti téh panyalindungan* nu aman keur abdi.
10 Allah nu némbongkeun asih satia ka abdi bakal datang nulungan abdi.
Ku Allah, abdi bakal disina nyaksian musuh-musuh diéléhkeun.
11 Maranéhna ulah dipaéhan, supaya bangsa abdi teu parohoeun.
Ku kawasa Gusti, mugia maranéhna disina aprak-aprakan.
Nun Yéhuwa, taméng abdi sadaya, lumpuhkeun kakuatan maranéhna.
12 Mugia maranéhna kajiret ku kasombonganana sorangan,
Lantaran biwir maranéhna ngucapkeun dosa,
Sarta lantaran maranéhna osok nipu jeung nyumpahan.
13 Basmi maranéhna ku amarah Gusti.
Basmi maranéhna nepi ka béak.
Sina nyarahoeun, Allah téh ngawasaan turunan Yakub nepi ka tungtung-tungtung bumi. (Sela)
14 Keun maranéhna sina datang peuting-peuting.
Keun maranéhna sina ngagerem* kawas anjing sarta kukulayaban di kota.
15 Keun maranéhna sina aprak-aprakan néangan dahareun,
Tapi ulah sina seubeuh atawa manggihan tempat keur saré.
16 Ari abdi mah, abdi bakal ngawih ngeunaan kakuatan Gusti.
Isuk-isuk abdi bakal nyaritakeun asih satia Gusti bari gumbira,
Sabab Gusti téh panyalindungan abdi nu aman
Sarta panglumpatan abdi waktu keur susah.
17 Nun Allah, Kakuatan abdi, abdi bakal ngawihkeun pupujian* kanggo Gusti,
Sabab Gusti téh panyalindungan abdi nu aman, Allah nu némbongkeun asih satia ka abdi.