Jabur
Keur pamingpin musik: Pikeun diiring ku alat musik nu maké senar dina nada Syéminit.* Lagu karangan Daud.
6 Nun Yéhuwa, ulah negor abdi bari ambek,
Ulah mapatahan abdi bari napsu.
2 Sing karunya ka abdi, Yéhuwa, da abdi téh beuki lemah.
Kuatkeun abdi, Yéhuwa, sabab abdi teu walakaya.
3 Abdi téh guligah pisan.
Abdi hoyong terang, nun Yéhuwa, ”Dugi ka iraha?”
4 Nun Yéhuwa, ka dieu atuh, bébaskeun abdi.
Salametkeun abdi, pan Gusti téh nyaah* ka abdi.
5 Sabab nu maot mah moal tiasa nyarita ngeunaan* Gusti.
Ari di Kuburan,* saha anu badé muji Gusti?
6 Abdi tos capé udah-aduh.
Sapeupeuting cipanon abdi maseuhan kasur.
Ranjang dugi ka banjir ku cimata.
7 Panon abdi capé ku sedih-sedihna,
Jadi teu cékas lantaran jalma-jalma jarahat ka abdi.
8 Nyaringkah, hé jalma-jalma jahat,
Sabab Yéhuwa bakal ngadangu sora ceurik abdi.
9 Yéhuwa bakal ngadangukeun paménta abdi,
Yéhuwa bakal ngajawab doa abdi.
10 Kabéh musuh abdi bakal disina aréraeun jeung guligah.
Maranéhna bakal ngadadak mundur jeung nandang kahinaan.