Jabur
Keur pamingpin musik: Pikeun diiring ku alat musik nu maké senar. Jabur karangan Daud.
61 Nun Allah, dangukeun waktu abdi sasambat ménta tulung.
Perhatikeun doa abdi.
2 Waktu abdi pegat harepan,*
Abdi bakal sasambat ka Gusti ti tungtung bumi.
Candak abdi ka gunung batu nu luhur.
3 Gusti téh panyalindungan abdi,
Munara nu weweg nu ngajaga abdi ti musuh.
4 Abdi bakal jadi tamu di kémah Gusti salamina.
Abdi bakal nyalindung di handapeun jangjang Gusti. (Sela)
5 Nun Allah, Gusti tos ngadangu ikrar abdi.
Gusti masihan warisan ka abdi, sakumaha nu dipasihkeun ku Gusti ka jalma-jalma nu hormat* ka nami Gusti.
6 Gusti bakal manjangkeun umurna raja,
Sarta raja bakal hirup ti jaman ka jaman.
7 Anjeunna bakal calik dina tahtana* di payuneun Allah salamina.
Mugia Gusti ngajaga anjeunna ku kanyaah* sareng kasatiaan Gusti.
8 Ku kituna, abdi badé ngawihkeun pupujian* kanggo nami Gusti salamina
Bari nedunan ikrar abdi unggal dinten.