Jabur
Keur pamingpin musik: Nganggo Yédutun.* Lagu karangan Daud.
62 Abdi pasti sabar ngantosan Allah.
Kasalametan abdi téh asalna ti Anjeunna.
2 Anjeunna téh nu nyalametkeun sarta gunung batu abdi, tempat nyalindung* nu aman keur abdi.
Abdi moal pernah ngoléang jeung tigubrag.
3 Rék nepi ka iraha maranéh nyerang saurang jalma pikeun maéhan manéhna?
Maranéh kabéh téh ngabahayakeun kawas témbok nu miring,* kawas témbok batu nu téréh rugrug.
4 Maranéhna téh ngatur siasat rék nurunkeun manéhna tina kadudukanana nu luhur.*
Maranéhna resep ngabohong.
Biwirna ngaberkahan, ari di jero haténa mah nyumpahan. (Sela)
5 Abdi pasti sabar ngantosan Allah
Sabab harepan abdi téh asalna ti Anjeunna.
6 Anjeunna téh nu nyalametkeun sarta gunung batu abdi, tempat nyalindung nu aman keur abdi.
Abdi moal pernah ngoléang.
7 Kasalametan jeung kamulyaan abdi téh gumantung ka Allah.
Allah téh gunung batu abdi, tempat abdi nyalindung.
8 Hé jalma-jalma, sing terus percaya ka Anjeunna.
Budalkeun eusi haté maranéh ka Anjeunna.
Allah téh tempat nyalindung keur urang kabéh. (Sela)
9 Manusa téh ngan saukur napas sarénghap,
Manusa téh panyalindungan nu palsu.
Lamun ditimbang, kabéhanana leuwih hampang tibatan napas sarénghap.
10 Ulah mikir maranéh bakal beunghar lamun meres jalma,
Atawa bakal untung lamun ngarampog.
Saupama beuki beunghar gé, éta kabeungharan ulah dijadikeun andelan.
11 Dua kali abdi ngadangu Allah nyarios
Yén kakuatan téh asalna ti Allah.
12 Asih nu satia ogé asalna ti Gusti, nun Yéhuwa,
Sabab Gusti ngabales unggal jalma satimpal jeung kalakuanana.