Jabur
Keur pamingpin musik. Lagu karangan Daud.
64 Nun Allah, dangukeun sora abdi waktu ménta tulung.
Salametkeun nyawa abdi ti musuh nu pikasieuneun.
2 Jaga abdi tina rencana rasiah nu dijieun ku jalma jahat,
Jeung ti gorombolan penjahat.
3 Maranéhna ngasah létahna lir pedang,
Maranéhna mesatkeun omonganana nu kejem kawas anak panah.
4 Ti panyumputanana, maranéhna mesatkeun panah ka jalma nu teu boga salah.
Mesatkeunana ujug-ujug, taya kasieun.
5 Maranéhna keukeuh kana niat jahatna*
Sarta ngabadamikeun kumaha cara nyumputkeun jiretna.
Ceuk maranéhna, ”Geus buni lah, moal kaciri.”
6 Maranéhna néangan cara-cara anyar pikeun ngalampahkeun nu salah.
Maranéhna cicing-cicing ngarancang siasat licik.
Pikiran jeung haténa teu bisa diteuleuman.
7 Tapi maranéhna bakal dipanah ku Allah,
Maranéhna bakal ujug-ujug garetihan.
8 Maranéhna bakal cilaka ku omonganana sorangan.
Kabéh nu nempo maranéhna bakal gogodeg.
9 Kabéh jalma bakal sarieuneun.
Maranéhna bakal nyaritakeun nu geus dipidamel ku Allah
Sarta bakal ngarti kana tindakana-Na.
10 Jalma bener bakal gumbira ku karana Yéhuwa sarta bakal nyalindung ka Anjeunna.
Kabéh jalma nu haténa bener bakal suka bungah.