Jabur
Keur pamingpin musik. Lagu karangan Daud. Jabur.
65 Nun Allah, Gusti bakal dipuji di Gunung Zion.
Abdi sadaya bakal nedunan ikrar ka Gusti.
2 Nun Allah nu ngadangukeun doa, jalmi ti mana-mana bakal darongkap ka Gusti.
3 Abdi susah ku lantaran kasalahan-kasalahan abdi,
Tapi Gusti ngahampura kasalahan-kasalahan abdi.
4 Bagja jalma nu dipilih ku Gusti sarta nu disina nyaketan Gusti
Pikeun matuh di buruan bumi Gusti.
Abdi sadaya bakal puas ku berkah nu aya di bumi Gusti,
Bait suci* Gusti.
5 Nun Allah Jurusalamet abdi sadaya,
Gusti bakal ngajawab abdi sadaya ku tindakan Gusti nu bener sarta nu luar biasa.
Gusti téh Andelan jalmi-jalmi ti unggal bagian bumi,
Dugi ka nu tarebih nu aya di peuntaseun laut.
6 Gusti ngadegkeun gunung-gunung ku kakuatan Gusti kalawan tohaga.
Gusti téh perkasa.
7 Gusti nenangkeun lautan anu motah,
Nenangkeun jumegurna ombak sarta rusuhna bangsa-bangsa.
8 Para penduduk di tempat-tempat nu mencil bakal tajub ku tanda-tanda ti Gusti.
Jalma-jalma ti wétan nepi ka kulon* bakal sarurak gumbira ningali padamelan Gusti.
9 Gusti ngurus bumi,
Tanah jadi kacida suburna sarta makmur.
Walungan ti Gusti pinuh ku cai.
Gusti nyadiakeun sisikian keur manusa.
Nya, saperti kitu bumi dipidamel ku Gusti.
10 Lahan kénging ngawuluku* dicaian sarta diratakeun ku Gusti.
Taneuh disina béar ku cihujan, Gusti ngaberkahan taneuh supaya pepelakan jaradi.
11 Saban taun, Gusti masihan berkah nu limpah.
Ka mana waé Gusti sumping, di dinya tangtu seueur nu haradé.*
12 Tegalan di tanah gurun pinuh ku jukut héjo,
Pasir-pasir* pinuh ku kabungah.
13 Tegalan pinuh ku ingon-ingon,
Lebak-lebak pinuh ku sisikian.
Kabéhanana sarurak gumbira, kabéhanana nyaranyi.