Jabur
Keur pamingpin musik: Pikeun diiring ku alat musik nu maké senar. Lagu. Jabur.
67 Allah bakal mikarunya sarta ngaberkahan urang sadaya.
Allah bakal némbongkeun yén Anjeunna resep ka urang sadaya. (Sela)
2 Éta téh supaya jalan Gusti dipikanyaho di sakuliah bumi,
Supaya bangsa-bangsa nyaraho Gusti téh Jurusalamet.
3 Mugia bangsa-bangsa muji Gusti, nun Allah.
Mugia kabéh bangsa muji Gusti.
4 Mugia bangsa-bangsa barungah sarta sarurak gumbira,
Sabab Gusti bakal adil waktu ngahakiman bangsa-bangsa.
Gusti bakal ngabingbing bangsa-bangsa di bumi. (Sela)
5 Mugia bangsa-bangsa muji Gusti, nun Allah.
Mugia kabéh bangsa muji Gusti.
6 Bumi bakal ngaluarkeun hasilna.
Allah, Allah urang sadaya, bakal ngaberkahan urang sadaya.
7 Allah bakal ngaberkahan urang sadaya.
Kabéh jalma di sakuliah bumi bakal hormat* ka Anjeunna.