Jabur
Keur pamingpin musik: Dumasar kana ”Kembang Bakung”. Jabur karangan Daud.
69 Nun Allah, salametkeun abdi, sabab abdi téréh tilelep dina cai.
2 Abdi tilelep dina leutak nu jero, teu aya taneuh keur tincakeun.
Abdi tikerelep dina cai nu jero
Sarta kapalidkeun ku arus nu tarik.
3 Abdi capé gogorowokan ménta tulung,
Tikoro nepi ka peura.
Panon abdi capé ngantosan Allah abdi.
4 Jalma-jalma nu teu pupuguh ngéwa ka abdi
Leuwih loba tibatan buuk dina sirah abdi.
Jalma-jalma nu hayang maéhan abdi,
Musuh-musuh nu licik,* beuki ngalobaan.
Abdi dipaksa nyerahkeun barang nu teu dipaok ku abdi.
5 Nun Allah, Gusti terang kana tindakan abdi nu bodo,
Kasalahan abdi gé teu aya nu buni ti Gusti.
6 Nun Gusti Nu Maha Agung, Yéhuwa pangawasa pasukan sorga,
Mugia jalma-jalma nu ngaharep ka Gusti ulah dugi ka isin gara-gara abdi.
Nun Allah Israél,
Mugia jalma-jalma nu milarian pituduh Gusti teu dihina gara-gara abdi.
7 Abdi dipoyokan ku lantaran Gusti,
Abdi dihina bébéakan.
8 Ku baraya teu diwawuhan,
Ku dulur saindung dianggap jalma séjén.
9 Kanyaah* ka imah Gusti ngagedur siga seuneu dina haté abdi.
Panghina jalma-jalma nu ditujukeun ka Gusti keunana ka abdi.
10 Waktu abdi puasa tanda ngarendahkeun diri,*
Abdi kalah ka dipoyokan.
11 Waktu abdi maké kaén goni,
Abdi dipoyokan ku maranéhna.
12 Abdi diomongkeun ku jalma-jalma nu diuk di gerbang kota.
Tukang mabok gé nyieun nyanyian ngeunaan abdi.
13 Tapi nun Yéhuwa, mugia doa abdi dugi ka Gusti
Dina waktu Gusti kersa nampina.
Nun Allah, asih satia Gusti téh pan kacida limpahna,
Jadi jawab abdi sarta témbongkeun yén Gusti téh bener-bener bakal nyalametkeun abdi.
14 Angkat abdi tina leutak,
Ulah nepikeun ka abdi tilelep.
Salametkeun abdi ti jalma-jalma nu ngéwa ka abdi
Sarta ti cai nu jero.
15 Ulah nepikeun ka abdi kapalidkeun ku arus anu tarik,
Atawa tikerelep ka cai nu jero,
Atawa dilegleg ku liang kubur.
16 Nun Yéhuwa, jawab abdi, sabab Gusti téh nyaah* ka abdi.
Perhatikeun abdi, sabab Gusti téh jembar ku welas asih.
17 Ulah miceun beungeut ka hamba Gusti ieu.
Énggal jawab abdi, sabab abdi téh nuju susah.
18 Ka dieu Gusti, salametkeun abdi.
Luputkeun* abdi ti musuh-musuh.
19 Gusti terang kumaha abdi dipoyok, dihina, sareng direndahkeun.
Gusti ningal sadaya musuh abdi.
20 Haté abdi ancur lantaran dihina, raheutna teu bisa dicageurkeun.*
Abdi ngarep-ngarep aya nu mikarunya, tapi teu aya.
Ngarep-ngarep aya nu ngalilipur, tapi angger wéh teu aya.
21 Lainna dibéré dahareun, abdi kalah ka dibéré racun.*
Pas keur haus, abdi kalah ka dibéré nginum cuka.
22 Mugia péstana* ngajaring maranéhna,
Sarta kamakmuranana ngajiret maranéhna.
23 Panon maranéhna sina poék ngarah teu bisa ningali,
Awak* maranéhna sina terus ngadégdég kasieunan.
24 Tumplekkeun amarah Gusti ka maranéhna.
Mugia maranéhna kaléntab ku amarah Gusti nu ngagedur.
25 Mugia pakémahan maranéhna* kosong,
Mugia kémah-kémahna teu dicicingan deui,
26 Sabab maranéhna ngungudag jalma nu dihukum ku Gusti
Sarta terus ngomongkeun kanyeri jalma nu dinyeyeri ku Gusti.
27 Mugia kasalahan nu ditanggung ku maranéhna beuki beurat.
Mugia maranéhna teu dianggap bener ku Gusti.
28 Ngaran maranéhna sing dipupus tina buku kahirupan
Sarta teu dicatet bareng jeung ngaran jalma-jalma bener.
29 Nun Allah, abdi téh nuju nyeri sareng sangsara.
Mugia Gusti nyalametkeun sareng ngajaga abdi.
30 Abdi bakal ngawihkeun pupujian kanggo nami Allah
Sarta bakal ngamulyakeun Anjeunna ku ucapan sukur.
31 Yéhuwa leuwih resep kana hal éta tibatan kana korban sapi jalu,
Tibatan sapi jalu ngora anu tandukan jeung kukuan.
32 Jalma nu lemah lembut bakal ningali kahadéan Allah sarta gumbira.
Aranjeun nu milarian pituduh Allah, mugia haté aranjeun ditegerkeun.
33 Yéhuwa téh ngadangukeun nu miskin.
Anjeunna gé moal bakal nyapirakeun umat-Na nu ditawan.
34 Mugia langit jeung bumi muji Anjeunna,
Kitu ogé laut jeung sagala nu hirup di jerona.
35 Allah bakal nyalametkeun Zion
Sarta bakal ngabangun deui kota-kota di Yéhuda.
Umat-Na bakal nyicingan jeung ngapimilik nagri éta.
36 Turunan hamba-hamba-Na bakal ngawaris nagri éta,
Sarta jalma-jalma nu mikanyaah nami-Na bakal matuh di dinya.