Jabur
Keur pamingpin musik. Jabur karangan Daud, pikeun ngélingan jalma-jalma.
70 Nun Allah, salametkeun abdi.
Nun Yéhuwa, énggal tulungan abdi.
2 Mugia nu hayang nyabut nyawa abdi
Disina éra jeung dihina.
Mugia nu bungah ningali abdi susah
Mundur jeung direndahkeun.
3 Mugia jalma nu ngomong, ”Puas siah!”
Kabur bakating ku éra.
4 Tapi, mugia jalma nu ngalalayanan Gusti
Gumbira jeung suka bungah ku lantaran Gusti.
Mugia jalma nu ngarep-ngarep kasalametan ti Gusti nyarios kieu terus,
”Mugia Allah diagungkeun!”
5 Nun Allah, énggal tulungan abdi,
Lantaran abdi téh teu walakaya jeung miskin.
Gusti téh nu nulungan jeung nyalametkeun abdi.
Nun Yéhuwa, énggal tulungan abdi.