Jabur
71 Nun Yéhuwa, ka Gusti abdi nyalindung.
Ulah dugi ka abdi nandangan kaéra.
2 Salametkeun sarta bébaskeun abdi, sabab Gusti téh adil.
Dangukeun* abdi jeung salametkeun abdi.
3 Mugia Gusti jadi bénténg nu aya di gunung batu,
Supaya abdi tiasa lebet ka dinya iraha waé.
Paréntahkeun sangkan abdi disalametkeun,
Sabab Gusti téh batu cadas sareng bénténg abdi.
4 Nun Allah abdi, leupaskeun abdi ti jalma jahat,
Tina genggeman jalma nu teu adil jeung nu sok nindes,
5 Sabab Gusti téh pangharepan abdi, nun Yéhuwa Gusti Nu Maha Agung,
Nu dipercaya ku abdi ti ngongora.
6 Abdi ngandelkeun Gusti ti barang lahir.
Gusti nu ngaluarkeun abdi tina rahim indung abdi.
Abdi muji Gusti sapapanjangna.
7 Mémang seueur nu tajub ka abdi,
Tapi abdi terang Gusti téh panyalindungan abdi nu kuat.
8 Biwir abdi pinuh ku pujian kanggo Gusti.
Sadinten jeput abdi nyaritakeun kaagungan Gusti.
9 Abdi ulah dipiceun waktu abdi tos kolot.
Abdi ulah diculkeun waktu abdi tos taya tanaga.
10 Musuh-musuh ngomongkeun abdi,
Sarta jalma-jalma sakongkol rék maéhan abdi.
11 Ceuk maranéhna, ”Allah geus ninggalkeun manéhna.
Hayu urang udag, urang téwak, da moal aya nu nulungan manéhna.”
12 Nun Allah, ulah jauh-jauh ti abdi.
Nun Allah abdi, énggal tulungan abdi.
13 Mugia jalma-jalma nu ngalawan abdi
Aréraeun jeung binasa.
Mugia jalma-jalma nu hayang nyilakakeun abdi
Bener-bener dihina jeung direndahkeun.
14 Tapi abdi mah bakal sabar ngantosan Gusti.
Abdi bakal leuwih sering muji Gusti.
15 Sadinten jeput biwir abdi bakal nyaritakeun tindakan Gusti nu bener
Sarta kasalametan ti Gusti,
Sanajan éta téh teu tiasa kaitung saking ku seueurna.
16 Nun Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung,
Abdi bakal nyaritakeun tindakan Gusti nu hébat.
Abdi bakal nyebutkeun kaadilan Gusti, mung kaadilan Gusti.
17 Nun Allah, ti ngongora abdi tos diajar ku Gusti.
Nepi ka ayeuna, abdi terus nguarkeun padamelan Gusti nu luar biasa.
18 Nun Allah, sanajan abdi kolot jeung huisan, ulah ninggalkeun abdi,
Supaya abdi tiasa nyaritakeun kawasa* Gusti ka génerasi saterusna
Sarta nyaritakeun kakuatan Gusti ka turunan nu bakal datang.
19 Nun Allah, tindakan Gusti nu bener téh sakitu hébatna.
Gusti tos ngalampahkeun nu harébat.
Nun Allah, saha anu sapertos Gusti?
20 Gusti ngersakeun abdi nandangan seueur kasusah sareng kasangsaraan.
Sanajan kitu, pulihkeun kakuatan abdi.
Angkat abdi ti tempat* nu jero.
21 Mugia Gusti ngangkat darajat abdi,
Mugia Gusti ngalindungan sarta ngalilipur abdi.
22 Nun Allah abdi, abdi badé maén alat musik nu maké senar
Pikeun muji kasatiaan Gusti.
Nun Allah Israél Nu Suci,
Abdi badé ngawihkeun pupujian* kanggo Gusti bari maén harpa.
23 Biwir abdi badé ngawihkeun pupujian kanggo Gusti bari surak gumbira,
Sabab Gusti tos nyalametkeun nyawa abdi.
24 Sadinten jeput abdi bakal nyaritakeun* tindakan Gusti nu bener
Sabab jalma-jalma nu hayang ngancurkeun abdi bakal aréraeun jeung direndahkeun.