Jabur
Keur pamingpin musik: Dumasar kana lagu ”Ulah Ngancurkeun”. Jabur karangan Asaf. Lagu.
75 Abdi sadaya muji sukur ka Gusti, nun Allah, abdi sadaya muji sukur ka Gusti.
Gusti téh caket sareng* abdi sadaya.
Jalma-jalma nguarkeun padamelan Gusti nu luar biasa.
2 Gusti nyarios, ”Dina waktu nu geus ditangtukeun,
Kuring bakal ngahakiman ku cara nu adil.
3 Waktu bumi jeung pendudukna aroyag,
Kuring nu mageuhkeun tihang-tihangna.” (Sela)
4 Abdi ngomong ka jalma sombong, ”Ulah gedé omong,”
Sarta ngomong ka jalma jahat, ”Ulah ngagulkeun kakuatan* manéh.
5 Ulah agul pédah manéh kuat pisan,*
Sarta mun ngomong téh ulah sombong,
6 Sabab kahormatan téh
Asalna lain ti wétan, kulon, atawa kidul.
7 Allah téh Hakim.
Anjeunna ngarendahkeun nu ieu sarta ngaluhurkeun nu itu.
8 Dina panangan Yéhuwa aya gelas
Nu pinuh ku cianggur nu ngabudah sarta dicampur ku rempah-rempah.
Éta bakal dikucurkeun ku Anjeunna,
Sina diarinum ku kabéh jalma jahat di bumi nepi ka dedek-dedekna.”
9 Tapi, abdi mah bakal nyaritakeun padamelan Allah salamina.
Abdi bakal ngawihkeun pupujian* kanggo Allahna Yakub.