Jabur
Keur pamingpin musik: Dumasar kana ”Kembang Bakung”. Keur ngélingan jalma-jalma. Jabur. Lagu karangan Asaf.
80 Nun Pangangon Israél,
Gusti nu nungtun Yusuf lir ka ingon-ingon, dangukeun abdi sadaya.
2 Di payuneun Éfraim, Bényamin, jeung Manasyé,
Tunjukkeun kakawasaan Gusti.
Ka dieu atuh, salametkeun abdi sadaya.
3 Nun Allah, tampi deui abdi sadaya.
Sing karunya sarta salametkeun abdi sadaya.
4 Yéhuwa, Allah pangawasa pasukan sorga, dugi ka iraha Gusti badé ambek sarta alim ngadangukeun doa umat Gusti?
5 Ku Gusti, cimata téh dijadikeun dahareun maranéhna.
Maranéhna disina nginum cipanon nu loba pisan.
6 Gusti ngantep abdi sadaya diparebutkeun ku bangsa-bangsa tatangga.
Musuh-musuh terus moyokan sangeunahna.
7 Nun Allah pangawasa pasukan sorga, tampi deui abdi sadaya.
Sing karunya sarta salametkeun abdi sadaya.
8 Gusti ngaluarkeun umat Gusti ti Mesir kawas nyabut tangkal anggur.
Tos kitu, Gusti ngusir bangsa-bangsa ti nagri maranéhna tuluy melak tangkal anggur éta di dinya.
9 Gusti ngosongkeun lahan keur tangkal anggur éta,
Seug akarna tumuwuh, nyebar ka sakuliah nagri éta.
10 Gunung-gunung katutup ku kalangkangna,*
Sarta tangkal-tangkal aras nu dipelak ku Allah katutup ku dahan-dahanna.
11 Dahan-dahanna ngarambat nepi ka laut,
Sarta pucuk-pucukna nepi ka Walungan Éfrat.
12 Ku naon Gusti ngarugrugkeun témbok batu di sakurilingeun kebon anggur éta?
Jadi wéh jalma-jalma nu liwat téh maretikan buahna.
13 Éta diruksak ku bagong,
Digarogotan ku sato-sato liar ti tegalan.
14 Nun Allah pangawasa pasukan sorga, berkahan deui* abdi sadaya.
Ti sorga, mangga tingali ka handap!
Tulung urus tangkal anggur ieu,
15 Tangkal* nu dipelak ku panangan katuhu Gusti.
Tingali ogé anak lalaki* nu dijadikeun kuat ku Gusti demi kahormatan Gusti.
16 Tangkal anggur éta dituar tuluy diduruk.
Umat Gusti binasa lantaran disentak ku Gusti.
17 Mugia Gusti ngadukung jalma nu aya dina panangan katuhu Gusti,
Nyaéta anak manusa nu dijadikeun kuat ku Gusti demi kahormatan Gusti.
18 Ku kituna abdi sadaya moal ngajauh ti Gusti.
Mugia hirup abdi sadaya dijaga ku Gusti, supaya abdi sadaya tiasa muji nami Gusti.
19 Nun Yéhuwa, Allah pangawasa pasukan sorga, tampi deui abdi sadaya.
Sing karunya sarta salametkeun abdi sadaya.