Jabur
Keur pamingpin musik: Ngeunaan Gitit.* Jabur karangan Asaf.
81 Geura sarurak gumbira di payuneun Allah, kakuatan urang.
Geura sarurak bungah muji Allahna Yakub.
2 Pék maén musik, cokot rabana.
Harpa sarta alat musik nu maké senar tabeuh sing genah.
3 Tiup tarompét tanduk dina bulan nu anyar,
Dina bulan purnama, keur poé perayaan urang.
4 Sabab éta téh hukum keur Israél,
Aturan ti Allahna Yakub.
5 Éta ku Anjeunna ditetepkeun pikeun jadi pépéling keur Yusuf
Waktu Anjeunna narajang Mesir.
Abdi ngadangu sora nu teu dikenal* ngomong kieu,
6 ”Kuring geus ngangkat beban tina taktakna.
Leungeunna geus teu kudu mamawa karanjang deui.
7 Manéh sasambat waktu keur susah, ku Kuring ditulungan.
Kuring ngajawab manéh ti awan nu guguludugan.*
Kuring nguji manéh di cinyusu di Mériba.* (Sela)
8 Hé umat Kuring, déngékeun, Kuring rék mépélingan manéh.
Hé Israél, coba mun manéh ngadéngékeun Kuring,
9 Moal aya allah séjén di antara manéh.
Manéh gé moal sujud ka allah nu teu dikenal ku manéh.
10 Kuring téh Yéhuwa Allah manéh,
Nu mawa manéh kaluar ti tanah Mesir.
Geura calangap, ku Kuring rék dihuapan nepi ka wareg.
11 Tapi umat Kuring teu daék ngadéngékeun sora Kuring,
Israél teu nurut ka Kuring.
12 Jadi maranéhna ku Kuring diantep sina heuras beuheung.
Maranéhna ngalampahkeun nu ceuk pamikirna mah bener.*
13 Coba mun umat Kuring daék ngadéngékeun Kuring,
Mun Israél daék nuturkeun pituduh-pituduh Kuring!
14 Musuh-musuh maranéhna bakal gancang ditalukkeun ku Kuring.
Kuring bakal ngéléhkeun lawan-lawanna.
15 Jalma-jalma nu ngéwa ka Yéhuwa bakal sarieuneun di hareupeuna-Na.
Maranéhna bakal dihukum salilana.
16 Tapi ku Kuring, manéh* bakal dibéré dahar gandum nu panghadéna
Sarta dibéré madu ti gunung batu sawaregna.”