Jabur
Lagu karangan Asaf.
82 Allah ngadeg di antara allah-allah.*
Di tengah allah-allah éta, Anjeunna mutuskeun kieu,
2 ”Nepi ka iraha maranéh teu adil waktu ngahakiman
Sarta mihak ka nu jahat? (Sela)
3 Béla jalma leutik jeung anak yatim.
Sing adil ka nu teu boga panulung jeung nu teu boga nanaon.
4 Salametkeun jalma leutik jeung jalma miskin.
Bébaskeun maranéhna tina genggeman jalma jahat.”
5 Maranéhna teu nyahoeun jeung teu ngartieun.
Maranéhna leumpang di jalan nu poék.
Teu aya kaadilan jeung teu aya nu ngahargaan hukum.*
6 ”Kuring pernah ngomong, ’Maranéh téh allah-allah,*
Maranéh kabéh téh anak-anak Nu Maha Agung.
7 Najan kitu maranéh bakal paéh kawas manusa séjénna,
Bakal paéh kawas pamingpin séjénna!’”
8 Nun Allah, tulung bumi téh dihakiman,
Sabab kabéh bangsa téh milik Gusti.