Jabur
Keur pamingpin musik: Ngeunaan Gitit.* Jabur karangan turunan Korah. Lagu.
84 Nun Yéhuwa pangawasa pasukan sorga,
Sakitu cintana abdi ka tabernakel agung kagungan Gusti!
2 Abdi sono ka buruan bumi Yéhuwa,
Abdi leuleus saking ku sonona.
Abdi sapinuh haté jeung sakuat tanaga surak gumbira di payuneun Allah nu hirup.
3 Manuk boga imah di dinya,
Walét ogé nyayang di dinya,
Manuk éta ngarawat anak-anakna di dinya,
Di caket mézbah agung Gusti, nun Yéhuwa pangawasa pasukan sorga,
Raja abdi sarta Allah abdi!
4 Bagja saha waé nu matuh di bumi Gusti!
Maranéhna terus muji Gusti. (Sela)
5 Bagja jalma nu dibéré kakuatan ku Gusti,
Nu haténa hayang pisan aya di jalan ka bumi Gusti.
6 Waktu maranéhna ngaliwatan Lebak Baka,*
Éta tempat téh dianggap loba cinyusuna ku maranéhna.
Hujan nu mimiti mawa berkah ka dinya.
7 Waktu laleumpang, maranéhna beuki lila beuki kuat.
Masing-masing ngadep ka payuneun Allah di Zion.
8 Nun Yéhuwa, Allah pangawasa pasukan sorga, dangukeun doa abdi.
Dangukeun, nun Allahna Yakub. (Sela)
9 Allah sarta taméng abdi sadaya,*
Tingali raray jalmi nu dilantik ku Gusti.
10 Sadinten di buruan bumi Gusti langkung saé tinimbang sarébu dinten di tempat sanés!
Abdi leuwih milih ngadeg di lawang panto bumi Allah abdi
Tinimbang matuh di kémah jalma jahat.
11 Allah Yéhuwa téh lir panonpoé sarta taméng urang sadaya.
Anjeunna némbongkeun welas asih sarta masihan kamulyaan.
Yéhuwa moal nahan sagala nu hadé
Keur jalma-jalma nu bersih hirupna.
12 Nun Yéhuwa pangawasa pasukan sorga,
Bagja jalma nu percaya ka Gusti.