Jabur
Keur pamingpin musik. Jabur karangan turunan Korah. Lagu.
85 Nun Yéhuwa, Gusti bageur ka jalmi-jalmi nu aya di tanah Gusti.
Gusti nyandak uih turunan Yakub nu ditawan.
2 Gusti tos ngahampura kasalahan umat Gusti.
Gusti tos ngahapunten sadaya dosa maranéhna. (Sela)
3 Gusti nahan amarah,
Amarah Gusti nu ngagedur disingkirkeun ku Gusti.
4 Nun Allah nu nyalametkeun abdi sadaya,
Pulihkeun* abdi sadaya, ulah teterusan keuheul ka abdi sadaya.
5 Maenya Gusti badé ambek ka abdi sadaya salamina?
Maenya Gusti badé kateterasan ambek ti jaman ka jaman?
6 Pulihkeun deui kakuatan abdi sadaya
Supaya umat Gusti tiasa bungah ku karana Gusti.
7 Nun Yéhuwa, témbongkeun asih satia Gusti ka abdi sadaya
Sarta pasihan kasalametan ka abdi sadaya.
8 Abdi bakal ngadangukeun ucapan Yéhuwa, Allah nu bener,
Sabab Anjeunna nyaritakeun katengtreman ka umat-Na, jalma-jalma nu satia,
Tapi maranéhna ulah diantep sina yakin teuing ka dirina sorangan siga saacanna.
9 Anjeunna siap nyalametkeun jalma-jalma nu hormat* ka Anjeunna,
Ku kituna kamulyaana-Na tetep aya di nagri urang.
10 Kanyaah* jeung kasatiaan bakal silih rangkul,
Kaadilan* jeung katengtreman bakal indit babarengan.
11 Kasatiaan bakal tumuwuh di bumi,
Sarta kaadilan* bakal turun ti langit.
12 Yéhuwa bakal masihan naon-naon nu hadé,*
Sarta bakal aya panéneun di tanah urang.
13 Kaadilan* bakal maju di payuneun Anjeunna
Sarta nyiapkeun jalan kanggo Anjeunna.