Jabur
Jabur karangan turunan Korah. Lagu.
87 Pondasi kota Allah aya di gunung-gunung suci.
2 Yéhuwa leuwih cinta ka gerbang-gerbang Zion
Tibatan ka sakabéh kémah Yakub.
3 Hé kota Allah nu bener, jalma-jalma pada nyaritakeun hal-hal hébat ngeunaan manéh. (Sela)
4 Rahab* jeung Babilon ku Kuring rék diasupkeun kana daptar bangsa-bangsa nu kenal ka Kuring,
Kitu ogé Filistia, Tirus, sarta Kus.
Kuring bakal ngomong, ”Manéhna lahir di dinya.”
5 Ngeunaan Zion, jalma-jalma bakal ngomong,
”Unggal jalma lahir di dinya.”
Zion bakal dijadikeun weweg ku Nu Maha Agung.
6 Waktu ngayakeun sénsus bangsa-bangsa, Yéhuwa bakal ngumumkeun,
”Manéhna lahir di dinya.” (Sela)
7 Ceuk nu nyaranyi jeung nu ngarigel téh,
”Keur abdi mah, Zion téh sumber sagala nu hadé.”*