Jabur
Maskil* ti Étan turunan Ézrah.
89 Salamina abdi bakal nyanyi ngeunaan asih satia Yéhuwa.
Biwir abdi bakal nyaritakeun kasatiaan Gusti turun-tumurun.
2 Da ceuk abdi téh, ”Asih satia Gusti mah bakal tetep aya salamina,
Sarta kasatiaan Gusti sateguh langit.”
3 Saur Gusti, ”Kuring geus nyieun perjangjian jeung hiji jalma pilihan Kuring.
Kuring geus sumpah ka Daud hamba Kuring,
4 ’Kuring bakal ngajaga turunan manéh tetep aya salilana.
Kuring gé bakal ngajaga tahta manéh tetep ngadeg turun-tumurun.’” (Sela)
5 Nun Yéhuwa, langit muji kahébatan Gusti,
Jamaah* nu suci muji kasatiaan Gusti.
6 Di langit, saha nu sabanding jeung Yéhuwa?
Di antara putra-putra Allah, saha nu saperti Yéhuwa?
7 Allah dihormat ku kelompok nu suci.
Keur sakabéh nu aya di sakuriling-Na, Anjeunna téh agung jeung kacida hébatna.
8 Nun Yéhuwa, Allah pangawasa pasukan sorga,
Saha nu kakuatanana saperti Gusti, nun Yah?
Gusti satia dina sagala hal.
9 Gusti ngawasaan laut nu motah.
Waktu ombakna jumegur, ku Gusti ditenangkeun.
10 Gusti ngancurkeun Rahab* sarta maéhan manéhna.
Musuh-musuh dipaburencaykeun ku panangan Gusti nu kuat.
11 Langit kagungan Gusti, bumi ogé kagungan Gusti.
Tanah nu subur jeung sagala nu aya di dinya, Gusti anu ngadamelna.
12 Kalér jeung kidul Gusti anu nyiptakeun.
Gunung Tabor jeung Gunung Hérmon barungah muji nami Gusti.
13 Panangan Gusti perkasa,
Panangan Gusti kuat,
Panangan katuhu Gusti diangkat ka luhur.
14 Cara Gusti maréntah téh adil jeung bener.
Gusti terus némbongkeun kanyaah* jeung kasatiaan.
15 Bagja jalma nu sarurak gumbira muji Gusti.
Nun Yéhuwa, maranéhna leumpang di handapeun cahaya raray Gusti.
16 Sadinten jeput maranéhna gumbira ku karana nami Gusti.
Maranéhna dipunjulkeun ku karana kaadilan Gusti.
17 Gusti masihan kamulyaan jeung kakuatan ka umat Gusti.
Ku karana berkah ti Gusti, abdi sadaya jadi beuki kuat.*
18 Taméng abdi sadaya téh asalna ti Yéhuwa.
Raja abdi sadaya téh asalna ti Allah Israél Nu Suci.
19 Harita dina titingalian, Gusti tos ngawartosan ka hamba-hamba Gusti nu satia,
”Kuring geus méré kakuatan ka saurang jalma nu perkasa,
Kuring geus munjulkeun saurang jalma nu dipilih ti bangsa éta.
20 Kuring geus milih Daud hamba Kuring.
Kuring geus ngalantik manéhna ku minyak suci Kuring.
21 Kuring bakal ngadukung manéhna,
Sarta Kuring bakal nguatkeun manéhna.
22 Moal aya musuh nu ménta upeti ti manéhna,
Sarta moal aya jalma jahat nu nindes manéhna.
23 Kuring bakal ngaremukkeun musuh-musuhna di hareupeun manéhna
Sarta ngéléhkeun saha waé nu ngéwa ka manéhna.
24 Kuring bakal satia jeung nyaah* ka manéhna.
Manéhna bakal beuki kuat* ku lantaran ngaran Kuring.
25 Ku Kuring, manéhna rék disina ngawasaan laut
Sarta ngawasaan walungan-walungan.
26 Manéhna bakal sasambat ka Kuring, ’Gusti téh Bapa abdi,
Allah abdi, sarta Gunung Batu nu nyalametkeun abdi.’
27 Manéhna ku Kuring bakal dijadikeun anak cikal,
Nu pangpunjulna di antara raja-raja di bumi.
28 Kuring bakal mikanyaah* manéhna salilana,
Perjangjian Kuring jeung manéhna moal pernah batal.
29 Kuring bakal ngajaga turunan manéhna tetep aya salilana,
Sarta tahtana bakal teguh sateguh langit.
30 Lamun turunanana ninggalkeun hukum Kuring
Sarta teu nuturkeun aturan Kuring,
31 Lamun maranéhna ngalanggar katangtuan hukum Kuring
Sarta teu ngajalankeun paréntah Kuring,
32 Kuring bakal ngahukum maranéhna ku tongkat lantaran maranéhna teu taat,*
Sarta neunggeul maranéhna lantaran maranéhna salah.
34 Kuring moal bakal ngalanggar perjangjian Kuring
Atawa ngarobah omongan nu geus kaluar tina biwir Kuring.
35 Kuring geus sumpah demi kasucian Kuring sakali keur salilana.
Kuring moal ngabohong ka Daud.
36 Turunan manéhna bakal tetep aya salilana.
Tahtana bakal tetep aya di hareupeun Kuring satungtung aya kénéh panonpoé.
37 Tahtana bakal teguh salilana saperti bulan,
Nu jadi saksi satia di langit.” (Sela)
38 Tapi Gusti nolak jeung miceun manéhna,
Gusti ambek ka jalma nu dilantik ku Gusti.
39 Gusti ngabatalkeun perjangjian Gusti jeung hamba Gusti.
Ku Gusti makutana dihina, dibalangkeun kana taneuh.
40 Gusti ngarugrugkeun kabéh témbok batuna,
Gusti ngancurkeun bénténg-bénténgna.
41 Kabéh jalma nu ngaliwat ngajarah manéhna.
Manéhna dihina ku para tatanggana.
42 Lawan-lawanna ku Gusti disina unggul,
Musuh-musuhna disina galumbira.
43 Ku lantaran Gusti, pedangna jadi euweuh gunana.
Ku lantaran Gusti, manéhna jadi éléh di pangperangan.
44 Kamulyaanana ku Gusti dicandak,
Tahtana dibeubeutkeun kana taneuh.
45 Mangsa ngorana disinggetkeun ku Gusti.
Gusti ngabulen manéhna ku kaéra. (Sela)
46 Nun Yéhuwa, dugi ka iraha Gusti badé nyumput? Badé salamina kitu?
Amarah Gusti téh badé terus ngagedur kawas seuneu?
47 Sing émut, Gusti, hirup abdi téh pondok!
Maenya Gusti nyiptakeun manusa téh teu aya tujuanana?
48 Mémangna aya manusa nu bisa terus hirup jeung teu ningal ajal?
Bisa kitu manéhna nyalametkeun dirina tina kakawasaan Kuburan?* (Sela)
49 Nun Yéhuwa, mana asih satia nu ditémbongkeun ku Gusti kapungkur?
Pan Gusti téh satia sareng tos jangji ka Daud.
50 Nun Yéhuwa, sing émut, hamba-hamba Gusti téh tos sakitu dihinana.
Sing émut kumaha abdi nanggung panghina sakabéh bangsa.
51 Nun Yéhuwa, musuh-musuh Gusti téh tos ngahina jalma nu dilantik ku Gusti.
Maranéhna ngahina unggal léngkahna.
52 Mugia Yéhuwa dipuji salalanggengna. Amin. Amin.