Jabur
BUKU NU KAOPAT
(Jabur 90-106)
Doa Musa, hamba ti Allah nu bener.
90 Nun Yéhuwa, Gusti téh tempat panyalindungan abdi sadaya ti jaman ka jaman.
2 Sateuacan gunung-gunung dijadikeun,
Sateuacan bumi jeung tanah nu subur diciptakeun,
Gusti téh Allah nu abadi.*
3 Gusti mulangkeun deui manusa jadi kekebul.
Saur Gusti, ”Sok mulang, hé manusa.”
4 Kanggo Gusti mah, sarébu taun téh mung saperti sadinten nu tos liwat,
Lir hiji giliran jaga peuting.*
5 Gusti ngamusnakeun maranéhna, les maranéhna leungit kawas impian.
Énjing-énjing, maranéhna kawas jujukutan nu jaradi,
6 Jaradi jeung karembangan énjing-énjing,
Tapi soréna layu jeung gararing.
7 Abdi sadaya musna ku kaambek Gusti
Sarta sieun ku amarah Gusti.
8 Kasalahan abdi sadaya ku Gusti ditembrakkeun di payuneun Gusti.*
Rasiah abdi sadaya kasingkabkeun ku cahaya raray Gusti.
9 Hirup abdi sadaya jadi pondok lantaran amarah Gusti.
Hirup abdi sadaya gancang sirna kawas napas sarénghap.
10 Umur abdi sadaya téh mung 70 taun.
Lamun kuat pisan, tiasa nepi ka 80 taun.
Tapi hirup téh bari ripuh seueur kasusah.
Hirup sakedap, les sirna.
11 Saha nu tiasa terang sakumaha kuat amarah Gusti?
Amarah Gusti téh ageung pisan, sami ageungna sareng rasa hormat nu layak ditarima ku Gusti.
12 Ajar abdi sadaya carana ngagunakeun sésa hirup abdi sadaya*
Sangkan haté abdi sadaya jadi bijaksana.
13 Nun Yéhuwa, mugia Gusti téh bageur deui ka abdi sadaya. Sabaraha lami deui Gusti badé ambek téh?
Sing karunya ka hamba-hamba Gusti.
14 Unggal énjing, abdi sadaya hoyong ngarasakeun asih satia Gusti nepi ka puas,
Supaya abdi sadaya tiasa sarurak gumbira sarta barungah saumur hirup.
15 Pasihan abdi sadaya kabagjaan nu sabanding sareng poé-poé basa abdi sadaya diantep ngalaman kasusah ku Gusti,
Nu sabanding sareng taun-taun basa abdi sadaya ngalaman kasangsaraan.
16 Mugia hamba-hamba Gusti ningali sagala nu hadé nu dilampahkeun ku Gusti,
Mugia anak-anak maranéhna gé ningali kamulyaan Gusti.
17 Mugia abdi sadaya dipikaresep ku Yéhuwa, Allah abdi sadaya.
Mugia padamelan abdi sadaya dilancarkeun ku Gusti.
Mugia dilancarkeun.