Jabur
91 Saha waé anu linggih di tempat rasiah Nu Maha Agung
Bakal dilindungan di handapeun kalangkang* Nu Mahakawasa.
2 Abdi badé nyarios ka Yéhuwa, ”Gusti téh panyalindungan jeung bénténg abdi,
Allah abdi nu dipercaya ku abdi.”
3 Sabab Anjeunna bakal nyalametkeun anjeun tina jiret tukang néwak manuk,
Tina wabah panyakit nu ngabinasakeun.
4 Anjeun bakal dilindungan* ku tungtung-tungtung jangjang-Na,
Anjeun bakal nyalindung di handapeun jangjang-Na.
Kasatiaana-Na bakal jadi taméng anu gedé sarta témbok panyalindungan anjeun.
5 Peuting-peuting, anjeun moal sieun ku bahaya,
Beurang-beurang, anjeun moal sieun ku panah anu tingbelesat.
6 Waktu poék, anjeun moal sieun ku wabah panyakit anu nyebar.
Waktu caang beurang, anjeun moal sieun ku ajal anu narajang.
7 Najan sarébu jalma maot di gigireun anjeun
Sarta sapuluh rébu di katuhueun anjeun,
Anjeun mah moal kukumaha.
8 Anjeun ngan bakal ningali
Sarta nyaksian jalma jahat dihukum.*
9 Ku lantaran anjeun nyarios, ”Yéhuwa téh panyalindungan abdi,”
Nu Maha Agung téh ku anjeun dijadikeun panyicingan.*
10 Anjeun moal katarajang ku musibat,
Sarta jalma-jalma di kémah anjeun moal keuna wabah panyakit.
11 Sabab Anjeunna bakal maréntahkeun malaikat-malaikat-Na
Pikeun ngajaga unggal léngkah anjeun.
12 Para malaikat-Na bakal ngangkat anjeun ku leungeun maranéhna,
Supaya suku anjeun teu keuna kana batu.
13 Anjeun bakal nincakan singa ngora sarta oray kobra,
Anjeun gé bakal nincakan singa nu kuat jeung oray nu gedé.
14 Allah nyarios, ”Lantaran manéhna nyaah ka Kuring, Kuring bakal nyalametkeun manéhna.
Kuring bakal ngalindungan manéhna lantaran manéhna kenal ka ngaran Kuring.*
15 Manéhna bakal sasambat ka Kuring, ku Kuring bakal dijawab.
Kuring bakal nyarengan waktu manéhna kasusahan.
Kuring bakal nyalametkeun manéhna sarta méré kahormatan ka manéhna.
16 Umurna rék dipanjangkeun ku Kuring.
Manéhna bakal disina ningali kasalametan ti Kuring.”