Jabur
Jabur. Lagu pikeun poé Sabat.
92 Ngucap sukur ka Yéhuwa
Sarta ngawihkeun pupujian* kanggo nami Gusti téh saé pisan, nun Allah Nu Maha Agung.
2 Énjing-énjing, abdi nyaritakeun asih satia Gusti,
Wengi-wengi, abdi nyaritakeun kasatiaan Gusti
3 Bari diiring ku harpa gedé jeung gambus,
Sarta harpa leutik nu sorana genah.
4 Abdi bungah lantaran padamelan Gusti, nun Yéhuwa.
Abdi surak gumbira lantaran karya panangan Gusti.
5 Sakitu hébatna tindakan Gusti, nun Yéhuwa!
Sakitu jerona pipikiran Gusti!
6 Éta moal kahontal ku jalma nu teu boga akal.
Jalma bodo moal ngarti kana hal ieu:
7 Najan jalma jahat jaradi kawas jujukutan,
Najan nu kalakuanana goréng téh hirupna makmur,
Tungtungna mah maranéhna bakal dibinasakeun.
8 Tapi nun Yéhuwa, Gusti mah bakal dipunjulkeun salamina.
9 Nun Yéhuwa, tingali waktu musuh-musuh Gusti éléh.
Maranéhna bakal musna.
Kabéh jalma jahat bakal paburencay.
10 Tapi Gusti bakal ngajadikeun abdi beuki bedas* kawas banténg.
Abdi bakal ngucurkeun minyak nu alus kana kulit abdi.
11 Panon abdi bakal ningali musuh-musuh abdi éléh.
Ceuli abdi bakal ngadéngé jalma-jalma jahat nu nyerang abdi diéléhkeun.
12 Tapi jalma bener bakal makmur kawas tangkal palem nu subur,
Maranéhna bakal tumuwuh gedé kawas tangkal aras di Lébanon.
13 Maranéhna dipelak di bumina Yéhuwa.
Maranéhna tumuwuh di buruan bumi Allah urang sadaya.
14 Nepi ka kolot* gé maranéhna masih kénéh buahan,
Bakal tetep kuat* jeung seger,
15 Supaya bisa nyaritakeun Yéhuwa téh bener.
Anjeunna Gunung Batu abdi, Anjeunna teu pernah ngalampahkeun nu teu adil.