Jabur
93 Yéhuwa tos jadi Raja!
Kaagungan jadi anggoan Anjeunna,
Kakuatan jadi anggoan Yéhuwa.
Ku Anjeunna éta dianggo kawas beubeur.
Bumi* kukuh diadegkeun,
Moal bisa dioyag-oyag.
2 Tahta Gusti kukuh ti baheula kénéh,
Gusti téh langgeng.
3 Nun Yéhuwa, walungan-walungan tingjalegur,
Walungan-walungan tingjalegur jeung ngaguruh,
Walungan-walungan terus jumegur jeung motah.
4 Tapi Gusti langkung hébat tibatan gumuruhna cai,
Gusti langkung kuat tibatan jumegurna ombak di laut,
Yéhuwa téh agung di sorga.
5 Pépéling-pépéling ti Gusti bisa dipercaya.
Nun Yéhuwa, bumi Gusti dihias ku kasucian salalanggengna.