Jabur
95 Hayu urang surak gumbira kanggo Yéhuwa.
Hayu urang surak muji Gunung Batu nu nyalametkeun urang.
2 Hayu urang ngadep ka payuneuna-Na* bari ngucap sukur.
Hayu urang nyanyi jeung surak gumbira kanggo Anjeunna.
3 Sabab Yéhuwa téh Allah nu hébat,
Raja nu hébat nu leuwih punjul ti sakabéh allah séjén.
4 Tempat-tempat nu pangjerona di bumi aya dina panangan-Na.
Puncak-puncak gunung kagungan-Na.
5 Laut nu dijieun ku Anjeunna téh milik-Na,
Jeung daratan téh dibentuk ku panangan-Na.
6 Hayu urang sujud nyembah Allah.
Hayu urang sideku di payuneun Yéhuwa, Nu Ngadamel urang.
7 Sabab Anjeunna téh Allah urang,
Jeung urang téh umat nu diangon ku Anjeunna,
Domba-domba nu diurus ku Anjeunna.*
Mugia poé ieu maranéh daék ngadangukeun sora Anjeunna.
8 Ceuk Anjeunna, ”Ulah bedegong kawas karuhun maranéh di Mériba,*
Waktu maranéhna keur aya di Masah* di tanah gurun,
9 Waktu karuhun maranéh ngadoja Kuring.
Maranéhna nangtang Kuring sanajan geus ningali naon nu dipigawé ku Kuring.
10 Salila 40 taun Kuring geuleuh ka génerasi éta, ceuk Kuring téh,
’Jalma-jalma éta teterusan nuturkeun kahayangna sorangan.
Maranéhna teu nuturkeun jalan-jalan Kuring.’
11 Bakating ku ambek, Kuring sumpah,
’Maranéhna moal asup ka tempat reureuh Kuring.’”