Jabur
96 Nyanyikeun lagu anyar kanggo Yéhuwa.
Hé sakabéh penduduk bumi, pék nyanyi kanggo Yéhuwa!
2 Pék nyanyi kanggo Yéhuwa, puji nami-Na.
Unggal poé, uarkeun warta hadé ngeunaan kasalametan ti Anjeunna.
3 Caritakeun kamulyaana-Na ka bangsa-bangsa.
Caritakeun tindakana-Na nu hébat ka sakabéh suku bangsa.
4 Yéhuwa téh agung jeung nu panglayakna dipuji.
Anjeunna leuwih hébat tibatan allah-allah séjén.
5 Sakabéh allahna bangsa-bangsa téh euweuh gunana,
Ari Yéhuwa mah Allah nu nyiptakeun langit.
6 Kamulyaan jeung kaagungan aya di sakuriling-Na.
Kakuatan jeung kaéndahan aya di tempat suci-Na.
7 Hé suku-suku bangsa, puji Yéhuwa.
Puji Yéhuwa lantaran Anjeunna mulya jeung kuat.
8 Mulyakeun Yéhuwa lantaran nami-Na layak dimulyakeun.
Béré pangbakti, geura arasup ka buruan bumi-Na.
9 Pék sujud ka* Yéhuwa bari maké baju suci.*
Hé sakuliah bumi, pék ngadégdég di payuneun Anjeunna!
10 Wartakeun ka bangsa-bangsa, ”Yéhuwa tos jadi Raja!
Bumi* kukuh diadegkeun, moal bisa dioyag-oyag.
Anjeunna bakal adil waktu ngahakiman* jalma-jalma.”
11 Langit sing bungah, bumi sing senang,
Laut jeung sagala eusina, geura ngaguruh sing gumbira.
12 Tegalan jeung sagala nu aya di dinya sing gumbira,
Kitu ogé jeung tatangkalan di leuweung, geura sarurak sing bungah di payuneun Yéhuwa.
13 Anjeunna sumping,*
Anjeunna sumping pikeun ngahakiman bumi.
Anjeunna bakal adil waktu ngahakiman penduduk bumi*
Sarta bakal satia waktu ngahakiman bangsa-bangsa.