Jabur
97 Yéhuwa tos jadi Raja!
Bumi sing gumbira,
Kabéh pulo sing saruka bungah.
2 Awan jeung mendung aya di sakuriling-Na.
Anjeunna bener jeung adil waktu maréntah.
3 Seuneu aya di payuneun Anjeunna,
Gur ngaduruk musuh-musuh nu aya di sakuriling-Na.
4 Kilat-kilat-Na nyaangan dunya.
Nempo éta, bumi ngadégdég.
5 Gunung-gunung lalééh kawas lilin di payuneun Yéhuwa,
Di payuneun Gusti sakuliah bumi.
6 Langit nguarkeun kaadilana-Na.
Kabéh bangsa ningali kamulyaana-Na.
7 Kabéh nu nyembah patung-patung ukiran,
Nyaéta nu ngagulkeun allah-allahna nu teu guna, sina aréraeun.
Hé sakabéh allah, pék sarujud ka* Anjeunna.
8 Zion ngadangu sarta gumbira.
Kota-kota* Yéhuda sarurak bungah
Sabab putusan-putusan Gusti adil, nun Yéhuwa,
9 Sabab Gusti téh Nu Maha Agung di sakuliah bumi, nun Yéhuwa.
Gusti langkung unggul ti sakabéh allah séjén.
10 Aranjeun nu nyaah ka Yéhuwa, kudu ngéwa kana kagoréngan.
Anjeunna ngajaga kahirupan umat-Na nu satia.
Anjeunna nyalametkeun maranéhna ti jalma jahat.
11 Cahaya nyaangan jalma bener.
Kabungah tumerap ka jalma nu haténa bener.
12 Jalma-jalma bener, sing gumbira ku karana Yéhuwa
Sarta haturkeun nuhun kanggo nami-Na nu suci.