Jabur
Lagu.
98 Pék nyanyikeun lagu anyar kanggo Yéhuwa,
Sabab Anjeunna tos ngalampahkeun nu harébat.
Ku panangan katuhu-Na, nyaéta panangan-Na nu suci, Anjeunna tos nyalametkeun urang.*
2 Yéhuwa tos ngumumkeun kasalametan ti Anjeunna,
Anjeunna tos némbongkeun kaadilana-Na ka bangsa-bangsa.
3 Anjeunna inget kana kanyaah-Na* sarta kasatiaana-Na ka turunan Israél.
Jalma-jalma di sakuliah bumi geus narénjoeun kasalametan ti* Allah urang.
4 Hé sakuliah bumi, geura sarurak muji Yéhuwa.
Sing atoh, geura sarurak gumbira, sarta kawihkeun pupujian.*
5 Kawihkeun pupujian* kanggo Yéhuwa diiring ku harpa,
Diiring ku harpa jeung lagu nu genah.
6 Tiup tarompét jeung tarompét tanduk,
Pék surak di payuneun Raja, nyaéta Yéhuwa.
7 Laut jeung sagala eusina, geura ngaguruh sing gumbira,
Kitu ogé bumi* jeung sakabéh nu cicing di dinya.
8 Walungan-walungan geura kaleprok,
Gunung-gunung geura sarurak gumbira di payuneun Yéhuwa,
9 Sabab Anjeunna sumping* pikeun ngahakiman bumi.
Anjeunna bakal adil waktu ngahakiman penduduk bumi*
Sarta teu beurat sabeulah waktu ngahakiman bangsa-bangsa.