Jabur
99 Yéhuwa tos jadi Raja. Bangsa-bangsa sing galumeter.
Tahta Anjeunna aya di luhureun* kérub-kérub. Bumi sing oyag.
2 Yéhuwa téh agung di Zion,
Anjeunna ngawasaan kabéh bangsa.
3 Mugia maranéhna muji nami Gusti nu agung,
Sabab nami Gusti téh suci jeung matak tajub.
4 Anjeunna téh raja nu perkasa nu cinta kana kaadilan.
Gusti terus mastikeun sakabéh nu bener dijalankeun.
Gusti netepkeun nu adil sarta nu bener keur Yakub.
5 Agungkeun Yéhuwa Allah urang, seug sujud dina tatapakan sampéan-Na.*
Anjeunna téh suci.
6 Musa jeung Harun téh kaasup imam-imam-Na,
Samuél téh kaasup anu nyambat ka nami-Na.
Maranéhna sasambat ka Yéhuwa,
Seug ku Anjeunna dijawab.
7 Anjeunna nyarios ka maranéhna tina tihang awan.
Maranéhna nuturkeun pépéling sarta taat kana aturan nu dipasihkeun ku Anjeunna.
8 Nun Yéhuwa Allah abdi sadaya, Gusti ngajawab maranéhna.
Gusti téh ngahampura maranéhna,
Tapi ogé ngahukum* maranéhna lantaran dosa-dosana.
9 Agungkeun Yéhuwa Allah urang,
Seug sujud di payuneun gunung suci-Na,
Sabab Yéhuwa Allah urang téh suci.