PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Budalan 36
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Budalan

      • Sumbangan leuwih ti cukup (1-7)

      • Tabernakel dijieun (8-38)

Budalan 36:9

Catetan Handap

  • *

    As. ”panjangna 28 hasta, lébarna 4 hasta”. Tingali Lamp. B14.

Budalan 36:15

Catetan Handap

  • *

    As. ”panjangna 30 hasta, lébarna 4 hasta”. Tingali Lamp. B14.

Budalan 36:21

Catetan Handap

  • *

    As. ”jangkungna 10 hasta, lébarna 1,5 hasta”. Tingali Lamp. B14.

Budalan 36:38

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”geulangna”.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
  • 23
  • 24
  • 25
  • 26
  • 27
  • 28
  • 29
  • 30
  • 31
  • 32
  • 33
  • 34
  • 35
  • 36
  • 37
  • 38
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Budalan 36:1-38

Budalan

36 ”Bézalél bakal digawé bareng jeung Oholiab sarta sakabéh jalma nu tarampil. Maranéhna ku Yéhuwa geus dibéré kaahlian sarta pangarti supaya bisa nyieun sakabéh barang nu aya di tempat suci, sakumaha nu geus diparéntahkeun ku Yéhuwa.”

2 Geus kitu Musa ngageroan Bézalél, Oholiab, jeung sakabéh jalma nu tarampil. Maranéhna téh geus dibéré kaahlian ku Yéhuwa, sarta haténa kajurung pikeun sukaréla digawé. 3 Sakabéh sumbangan urang Israél keur tempat suci ku Musa dibikeun ka maranéhna. Unggal isuk, urang Israél terus méré sumbangan sukaréla ka Musa.

4 Sanggeus pagawéan suci éta dimimitian, sakabéh jalma nu tarampil hiji-hiji daratang ka Musa. 5 Ceuk maranéhna, ”Sumbangan jalma-jalma keur kaperluan pagawéan nu diparéntahkeun ku Yéhuwa téh geus loba teuing.” 6 Jadi, Musa méré paréntah supaya béwara ieu ditepikeun di pakémahan, ”Hé urang Israél, maranéh geus teu kudu mawa sumbangan keur tabernakel.” Jadi jalma-jalma teu marawa sumbangan deui. 7 Sumbanganana téh geus cukup pikeun ngaréngsékeun pagawéan, malahan mah leuwih ti cukup.

8 Jadi, sakabéh jalma nu tarampil téa nyieun sapuluh lambar kaén keur tabernakel. Kaénna dijieun tina benang linén alus, benang biru, wol ungu, jeung benang beureum. Ku Bézalél unggal kaénna disulam gambar kérub-kérub. 9 Kabéh kaénna saukuran, panjangna kira-kira 12 méter, lébarna kira-kira 2 méter.* 10 Manéhna nyambungkeun lima kaén jadi hiji kaén gedé, kitu ogé jeung lima kaén séjénna. 11 Geus kitu, manéhna nyieun geugeulangan tina kaén biru dina pinggiran kaén gedé nu hiji. Dina pinggiran kaén gedé nu hijina deui gé manéhna nyieun geugeulangan siga kitu, supaya dua kaén gedé éta bisa dihijikeun. 12 Manéhna nyieun 50 geugeulangan dina kaén nu hiji sarta 50 geugeulangan dina kaén nu hijina deui, supaya waktu dihijikeun, unggal geugeulangan éta aya pasanganana. 13 Terus manéhna nyieun 50 kakait tina emas keur ngahijikeun dua kaén gedé éta, ku kituna bakal jadi hiji kaén gedé keur tabernakel.

14 Tuluy, manéhna nyieun 11 kaén tina bulu embé keur panutup tabernakel. 15 Kabéh kaénna saukuran, panjangna kira-kira 13 méter, lébarna kira-kira 2 méter.* 16 Manéhna nyambung-nyambungkeun lima kaén jadi hiji kaén gedé. Genep kaén séjénna gé disambung-sambungkeun jadi hiji kaén gedé. 17 Geus kitu, manéhna nyieun 50 geugeulangan dina pinggiran kaén nu hiji. Dina pinggiran kaén nu hijina deui gé, manéhna nyieun 50 geugeulangan, supaya dua kaén gedé éta bisa dihijikeun. 18 Terus manéhna nyieun 50 kakait tina tambaga pikeun nyambungkeun dua kaén tadi jadi hiji.

19 Manéhna gé nyieun panutup tabernakel tina kulit domba jalu nu dicelep beureum sarta nyieun panutup tina kulit anjing laut pikeun diteundeun di luhureunana.

20 Terus manéhna nyieun rangka-rangka tabernakel tina kai akasia. Rangka-rangkana diadegkeun jadi dingding tabernakel. 21 Unggal rangka jangkungna kira-kira 4,5 méter, lébarna kira-kira 67 sénti.* 22 Dina unggal rangka, manéhna nyieun dua suku pikeun nancebkeun rangka éta, sukuna dipasang sajajar. Kabéh rangka dijieun siga kitu. 23 Jadi manéhna nyieun 20 rangka keur sisi kidul tabernakel. 24 Tuluy, manéhna nyieun 40 dadampar tina pérak keur 20 rangka, dadamparna diliangan. Manéhna nancebkeun dua suku dina unggal rangka kana dua dadampar pérak. Sakabéh rangka dijieunna siga kitu. 25 Keur sisi kalér tabernakel manéhna gé nyieun 20 rangka 26 jeung 40 dadampar tina pérak nu aya liangan, unggal rangka dibéré 2 dadampar.

27 Keur bagian tukang tabernakel nu nyanghareup ka kulon, manéhna nyieun genep rangka. 28 Manéhna gé nyieun dua rangka pikeun nahan dua juru tabernakel bagian tukang. 29 Rangka éta dijieun tina dua kai nu bagian luhurna pasambung dina geulang emas nu kahiji. Dua juru tabernakel bagian tukang ku manéhna dijieun siga kitu. 30 Jadi aya 8 rangka jeung 16 dadampar pérak nu aya liangan. Unggal rangka dibéré 2 dadampar.

31 Geus kitu, manéhna nyieun palang-palang tina kai akasia pikeun nyambungkeun rangka-rangkana. Lima palang keur sisi tabernakel beulah dieu, 32 lima palang keur sisi tabernakel beulah ditu, lima palang deui keur sisi tabernakel bagian tukang nu nyanghareup ka kulon. 33 Manéhna nyieun palang nu di tengah, nu dipasangna ti tungtung nu hiji nepi ka tungtung nu hijina deui. 34 Manéhna ngalapis rangka-rangkana ku emas, tuluy nyieun geulang-geulang tina emas dina rangka éta. Engké palang-palangna bakal diasupkeun kana geulang-geulang éta. Palang-palangna gé dilapis ku emas.

35 Manéhna nyieun hordéng tina benang biru, wol ungu, benang beureum, jeung benang linén alus. Hordéngna disulam ku gambar kérub-kérub. 36 Manéhna nyieun opat pilar tina kai akasia nu dilapisan ku emas, kakait tina emas, jeung opat dadampar pérak nu aya liangan keur pilar-pilarna. 37 Terus manéhna nyieun hordéng keur lawang asup tabernakel. Hordéngna ditinun tina benang biru, wol ungu, benang beureum, jeung benang linén alus. 38 Manéhna nyieun lima pilar sarta kakait-kakaitna keur ngagantungkeun hordéngna. Bagian luhur pilar jeung sambunganana* dilapisan ku emas, tapi lima dadampar nu aya liangan keur pilar-pilar éta dijieunna tina tambaga.

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun