Kidung Agung
2 ”Di antara para mojang,
Kakasih Engkang téh ibarat kembang bakung di antara rungkun cucuk.”
3 ”Di antara para jajaka,
Kakasih abdi téh ibarat tangkal apel di antara tatangkalan nu aya di leuweung.
Hoyong pisan ngiuhan handapeunana,
Buahna téh mani aramis.
4 Abdi ku anjeunna dicandak ka tempat pésta.
Sadayana terang, cintana téh ngan keur abdi wungkul.
5 Pasihan kuéh kismis ngarah abdi seger,+
Pasihan apel ngarah abdi kuat.
Abdi téh taya daya bakating ku cinta-cintana.
6 Sirah abdi disangkéh ku panangan kéncana,
Ari panangan katuhuna nangkeup abdi.+
7 Wanoja-wanoja Yérusalém, aranjeun kudu sumpah
Demi kijang+ jeung demi uncal bikang nu aya di tegalan:
Mun abdi teu bogoh mah, ulah ngajurung-jurung abdi boga rasa cinta.+
8 Kadangu sora kakasih abdi!
Tingali! Anjeunna téh keur ka dieu,
Nanjak ngaliwatan gunung-gunung jeung ngaluncatan pasir-pasir.*
9 Kakasih abdi téh lir kijang, lir anak uncal jalu.+
Tuh, keur ngadeg tukangeun témbok,
Nempo tina jandéla,
Tina kisi-kisina.
10 Kakasih abdi nyarios kieu,
’Enéng nu dipikanyaah,
Ka dieu atuh, geulis, hayu ngiring sareng Engkang.
12 Kekembangan tos bareukah di désa,+
Dahan-dahan anggur tos waktuna dipangkas,+
Tikukur gé tos engguk-enggukan di désa urang.+
13 Buah nu mimiti ti tangkal ara tos arasak.+
Tangkal anggur tos karembangan, seungitna mani meleber.
Enéng nu dipikanyaah, ka dieu atuh, geulis,
Hayu ngiring sareng Engkang.
14 Enéng nu ibarat japati nu nyumput dina sela-sela batu karang,+
Dina sela-sela gawir,
Engkang hoyong neuteup éndahna raray Enéng,
Hoyong nguping sora Enéng nu halimpu.’”+
15 ”Tuh, téwak rubah-rubah,
Anak-anak rubah nu ngaruksak kebon anggur urang,
Sabab kebon anggur urang keur karembangan.”
16 ”Kakasih abdi téh nu abdi, abdi nu anjeunna.+
Anjeunna ngangon domba+ di antara kembang-kembang bakung.+
17 Sateuacan angin ngahiliwir, sateuacan kalangkang* leungit,
Énggal mulih, Engkang kakasih abdi.
Peuntasan gunung pamisah urang, lir kijang+ atawa anak uncal jalu.+