PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Kidung Agung 6
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Kidung Agung

    • MOJANG SYULAM DI YÉRUSALÉM (3:6–8:4)

Kidung Agung 6:4

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”Kota nu Nyenangkeun.”

Kidung Agung 6:9

Catetan Handap

  • *

    As. ”paling murni keur”.

Kidung Agung 6:11

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”wadi”.

Kidung Agung 6:12

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”di karétana jalma-jalma penting”.

Kidung Agung 6:13

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”tarian Mahanaim”.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Kidung Agung 6:1-13

Kidung Agung

6 ”Hé mojang nu panggeulisna,

Kakasih anjeun téh di mana?

Keur ka mana kakasih anjeun téh?

Hayu urang téangan babarengan atuh.”

 2 ”Kakasih abdi téh keur indit ka kebonna,

Ka pétakan wawangian.

Anjeunna keur ngangon domba-domba

Bari metikan kembang bakung.

 3 Abdi téh nu kakasih abdi,

Kakasih abdi nu abdi.

Anjeunna ngangon domba di antara kembang-kembang bakung.”

 4 ”Enéng nu dipikacinta, Enéng téh meni geulis lir kota Tirza,*

Meni éndah lir kota Yérusalém.

Enéng téh lir pasukan nu marawa bandéra, matak arolohok nu ningalina.

 5 Waktu diteuteup ku Enéng,

Haté Akang téh kabandang, asa teu puguh.

Rambut Enéng lir embé-embé nu tarurun ti pagunungan Giléad.

 6 Waos Enéng téh nya bodas nya saé,

Lir domba-domba nu nembé dimandian.

Sadayana meni rapih,

Pepek lengkep taya nu kirang.

 7 Pipi Enéng di balik cadar

Lir buah dalima nu dibeulah.

 8 Mémang abdi téh gaduh 60 ratu

Jeung 80 selir,

Sarta mojang nu teu kaitung seueurna.

 9 Tapi japati abdi mah ngan hiji, mojang nu sampurna.

Anjeunna téh nu pangistiméwana keur ibuna,

Nu paling dipikanyaah ku* wanita nu ngalahirkeunana.

Saur para mojang nu ningali anjeunna, anjeunna téh sakitu bagjana.

Para ratu jeung para selir gé muji anjeunna.

10 ’Itu saha nu ngagebray lir pajar,

Ngempray lir bulan purnama,

Sarta hérang lir cahaya sang surya?

Anjeunna téh lir pasukan nu marawa bandéra, matak arolohok nu ningalina.’”

11 ”Abdi datang ka kebon buah,

Badé ningal tutuwuhan nu jaradi di lebak,*

Hoyong terang pepelakan anggur téh tos sirungan can,

Sarta tangkal dalima téh tos karembangan can.

12 Bakating ku hoyong-hoyongna ningal éta kabéh,

Abdi téh teu engeuh, abdi tos aya di tempatna rombongan raja.”*

13 ”Ka dieu, mojang Syulam!

Hayu ka dieu atuh,

Ngarah abdi sadaya bisa ningal kageulisan anjeun.”

”Naha bet harayang ningali mojang Syulam?”

”Sabab ningal anjeunna téh lir ningal tarian dua kumpulan.”*

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun