PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Yésaya 10
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Yésaya

      • Panangan Allah ngalawan Israél (1-4)

      • Asiria—Tongkat amarah Allah (5-11)

      • Hukuman keur Asiria (12-19)

      • Turunan Yakub nu nyésa kénéh bakal baralik (20-27)

      • Allah bakal ngahakiman Asiria (28-34)

Yésaya 10:2

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”yatim pahatu”.

Yésaya 10:3

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”Kamulyaan”.

Yésaya 10:12

Catetan Handap

  • *

    As. ”Kuring”.

Yésaya 10:16

Catetan Handap

  • *

    Nyaéta urang Asiria.

Yésaya 10:22

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”Hukuman”.

Yésaya 10:27

Catetan Handap

  • *

    Tingali Daptar Istilah.

  • *

    Bisa jadi ngamaksudkeun minyak keur obor atawa minyak nu dipaké keur ngalantik raja.

Yésaya 10:32

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”bukit”.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
  • 23
  • 24
  • 25
  • 26
  • 27
  • 28
  • 29
  • 30
  • 31
  • 32
  • 33
  • 34
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Yésaya 10:1-34

Yésaya

10 Cilaka jalma nu nyieun aturan nu nyusahkeun,

Nu terus nyieun hukum nu ngabeungbeuratan batur.

 2 Maranéh nolak perkara hukum jalma miskin,

Ngahalang-halang kaadilan keur jalma leutik,

Ngarampas pangaboga para randa,

Jeung ngajarah budak yatim!*

 3 Rék kumaha engké maranéh dina poéna maranéh dihukum?

Rék kumaha engké maranéh waktu aya kabinasaan ti nagri nu jauh?

Rék kabur ménta tulung ka saha?

Harta banda* maranéh rék dikamanakeun?

 4 Maranéh ngan bisa ngaringkuk di antara para tawanan

Atawa bakal tiwas bareng jeung jalma-jalma nu dipaéhan.

Najan kitu amarah Anjeunna teu sirna,

Anjeunna masih kénéh ngahukum.

 5 Saur Allah, ”Tempo! Urang Asiria

Lir tongkat nu dipaké pikeun ngabudalkeun amarah Kuring.

Kai dina leungeunna rék dipaké ngahukum.

 6 Kuring rék ngirim Asiria sina narajang bangsa nu murtad,

Nu geus ngahudangkeun amarah Kuring.

Ku Kuring rék dititah nyokot barang jarahan jeung rampasan sing loba,

Sina ngaleyek maranéhna kawas leutak di jalan.

 7 Tapi éta téh lain kahayangna Asiria,

Niatna lain kitu.

Da dina haténa mah hayangna ngabasmi,

Hayang ngabinasakeun loba bangsa, teu ngan saeutik.

 8 Ceuk manéhna,

’Pajabat aing téh kabéhanana raja!

 9 Kapan Kalno téh kaayaanana sarua jeung Karkhémis,

Hamat sarua jeung Arpad,

Samaria sarua jeung Damaskus.

10 Leungeun aing geus dipaké pikeun ngarebut karajaan-karajaan nu nyarembah ka déwa-déwi nu taya gunana,

Nu patung ukiranana leuwih loba tibatan Yérusalém jeung Samaria.

11 Nu dipigawé ku aing ka Samaria jeung ka allah-allahna nu teu guna,

Nya éta ogé nu bakal dipigawé ku aing ka Yérusalém jeung berhala-berhalana.’

12 ”Sanggeus Yéhuwa ngaréngsékeun pagawéana-Na di Gunung Zion jeung di Yérusalém, Anjeunna* bakal ngahukum raja Asiria sabab manéhna sombong, adigung, jeung angkuh. 13 Ceuk raja Asiria,

’Kabéh bakal beunang ku kakuatan aing sorangan.

Aing téh bijaksana jeung pinter.

Wawatesan bangsa-bangsa rék disingkirkeun,

Harta bandana rék dijarah.

Kawas jalma perkasa, aing rék nalukkeun pendudukna.

14 Bangsa-bangsa téh teu béda ti sayang manuk,

Kakayaanana ku aing gampang pisan dicokotanana.

Kabéh nu aya di bumi ku aing rék dikumpulkeun,

Kawas ngumpulkeun endog nu diculkeun.

Moal aya nu ngiplik-ngiplik jangjang, papacok, atawa cacat-cicit.’”

15 Ari kampak bisaeun ngaku leuwih hébat tibatan anu makéna?

Ari ragaji bisaeun ngaku leuwih penting tibatan nu ngaragaji?

Ari tongkat bisaeun ngoyagkeun jalma nu ngacungkeunana?

Ari iteuk bisaeun ngangkat jalma nu nyepengna?

16 Ku sabab kitu, Gusti nu sajati, Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga,

Bakal nyababkeun jalma-jalmana nu lalintuh* jadi baregang.

Kamulyaan Asiria ku Anjeunna bakal dileungitkeun kawas diduruk ku seuneu nepi ka béak.

17 Allah Israél nu Suci, Cahaya Israél,

Bakal jadi kawas seuneu nu ngaléntab,

Ngan dina sapoé, éta seuneu bakal ngaduruk jujukutan jeung rungkun cucuk Asiria.

18 Leuweung jeung pakebonan nu éndah bakal ditumpurkeun sama sakali ku Allah,

Teu béda ti jalma nu katerap ku panyakit nepi ka maot.

19 Tatangkalan nu disésakeun ngan saeutik pisan,

Ku budak gé bisa kaitung.

20 Dina waktu éta, urang Israél nu nyésa

Jeung turunan Yakub nu salamet

Moal ngandelkeun bangsa nu nyerang maranéhna,

Tapi bakal bener-bener ngandelkeun Yéhuwa,

Allah Israél nu Suci.

21 Nu baralik deui ka Allah nu Perkasa téh ngan saeutik,

Nyaéta sésa ti turunan Yakub.

22 Éh Israél, najan bangsa manéh

Lobana lir keusik di laut,

Tapi nu baralik mah ngan saeutik.

Gusti geus mutuskeun pikeun ngabasmi,

Kaadilan* bakal narajang manéh lir caah.

23 Sakuliah nagri bakal dibasmi,

Sakumaha nu geus diputuskeun ku Gusti Nu Maha Agung, Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga.

24 Ku kituna, ieu nu diucapkeun ku Gusti Nu Maha Agung, Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, ”Hé umat Kuring nu matuh di Zion, tong sieun ku Asiria nu ngagebug maranéh maké tongkat cara urang Mesir baheula. 25 Moal lila deui, hukuman ka maranéh bakal eureun. Geus kitu, Kuring bakal ngabudalkeun amarah ka maranéhna tuluy ngabasmi maranéhna. 26 Kuring, Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, bakal nyabetan maranéhna ku pecut cara Kuring ngéléhkeun Midian di Cadas Oréb. Kuring rék ngacungkeun tongkat ka luhureun laut, sakumaha nu dilampahkeun ku Kuring ka Mesir baréto.

27 Dina waktu éta, beban dina taktak maranéh ti raja Asiria bakal disingkirkeun.

Kai tanggungan* dina punduk maranéh bakal dileupaskeun,

Éta bakal dipinggeskeun ku sabab minyak.”*

28 Manéhna geus aya di Ayat,

Manéhna ngaliwat ka Migron,

Barang-barangna ditunda di Mikhmash.

29 Manéhna meuntasan walungan

Sarta mondok di Géba.

Rama sieuneun, Gibéah-Saul kabur.

30 Hé penduduk Galim, geura careurik jejeritan!

Hé penduduk Laisya, sing waspada!

Hé penduduk Anatot, karunya teuing manéh téh!

31 Penduduk Madména geus ngabalecir.

Penduduk Gébim geus ngarungsi.

32 Poé éta kénéh manéhna eureun di Nob.

Manéhna ngacung-ngacungkeun peureupna ka gunung kota Zion,

Ka pasir* Yérusalém.

33 Tah, déngékeun sora nu pikasieuneun éta!

Gusti nu sajati, Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, keur neukteukan dahan-dahan.

Tangkal nu pangjangkungna dituaran.

Tangkal nu jangkung digubragkeun.

34 Rungkun-rungkun di leuweung ku Anjeunna dibabadan maké kampak.

Lébanon bakal rubuh ku hiji jalma nu perkasa.

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun