Yésaya
11 Tina tunggul Isai bakal bijil hiji ranting,
Tina akarna bakal bijil sirung nu engkéna buahan.
2 Manéhna bakal pinuh ku kawasa suci Yéhuwa.
Ku kituna manéhna bakal bijaksana, boga pangarti,
Bisa méré naséhat nu alus, perkasa,
3 Hormat* ka Yéhuwa téh jadi karesepna.
Dina mutus perkara moal satingal-tingalna,
Dina negor batur moal sadangu-danguna.
4 Manéhna bakal adil waktu ngaadilan jalma leutik
Sarta bakal nyieun putusan nu adil demi ngabéla jalma rendah haté di bumi.
Manéhna bakal ngagebug bumi ku panggebug tina bahamna
Sarta maéhan jalma jahat ku napas tina biwirna.
5 Bebeneran bakal jadi sabuk dina cangkéngna,
Kasatiaan bakal jadi beubeur dina cangkéngna.
6 Ajag jeung anak domba bakal reureuh babarengan,
Anak embé jeung maung tutul bakal darepa babarengan,
Anak sapi, singa,* jeung sato-sato nu lalintuh bakal cicing babarengan.*
Kabéhanana dipingpin ku budak leutik.
7 Sapi jeung biruang bakal nyatu bareng,
Anak-anakna bakal darepa babarengan.
Singa bakal ngahakan jarami kawas sapi.
8 Budak nu nyusu kénéh bakal ulin deukeut liang kobra,
Budak leutik* bakal ngodok liang oray matih.
9 Di gunung Kuring nu suci,
Moal aya nu nyilakakeun atawa ngaruksak,
Sabab bumi bakal pinuh ku pangaweruh* ngeunaan Yéhuwa,
Lir laut pinuh ku cai.
10 Dina waktu éta, ti kulawarga* Isai bakal muncul hiji jalma nu jadi tanda* keur bangsa-bangsa.
Bangsa-bangsa bakal daratang ka manéhna pikeun ménta pituduh.*
Pamatuhanana bakal dimulyakeun.
11 Dina waktu éta, Yéhuwa bakal ngulurkeun panangan-Na pikeun kadua kalina, rék mawa balik umat-Na nu nyésa kénéh ti Asiria, Mesir, Patros, Kus, Élam, Syinar,* Hamat, jeung ti pulo-pulo di laut. 12 Anjeunna bakal méré tanda ka* bangsa-bangsa sarta ngumpulkeun urang Israél nu pabalencar. Anjeunna gé bakal ngumpulkeun urang Yéhuda nu pabalencar ti opat tungtung bumi.
13 Éfraim moal sirik deui,
Kabéh nu ngamusuhan Yéhuda bakal disingkirkeun.
Éfraim moal sirik ka Yéhuda,
Yéhuda gé moal ngamusuhan Éfraim.
14 Maranéhna bakal gancang turun ka lamping,* ka beulah kulon, pikeun narajang urang Filistin.
Maranéhna bakal babarengan ngajarah jalma-jalma ti Wétan.
Urang Édom jeung urang Moab bakal diéléhkeun.*
Urang Ammon gé bakal taluk ka maranéhna.
15 Yéhuwa bakal meulah* teluk Mesir
Sarta ngacungkeun panangan-Na ka Walungan Éfrat.
Anjeunna bakal narajang tujuh kokocoranana ku napas-Na nu panas,
Ku kituna jalma-jalma bisa meuntasan éta walungan maké sendal.
16 Bakal aya jalan gedé keur umat-Na nu nyésa kénéh pikeun kaluar ti Asiria,
Sakumaha baheula basa urang Israél budal ti Mesir.