PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Yésaya 13
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Yésaya

      • Warta hukuman keur Babilon (1-22)

        • Poé Yéhuwa geus deukeut! (6)

        • Média bakal ngancurkeun Babilon (17)

        • Babilon moal dicicingan deui (20)

Yésaya 13:2

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”Pasang tihang tanda”.

Yésaya 13:3

Catetan Handap

  • *

    As. ”disucikeun”.

Yésaya 13:8

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”kram”.

Yésaya 13:10

Catetan Handap

  • *

    As. ”rasi-rasi Késil”, bisa jadi ngamaksudkeun rasi béntang Orion jeung rasi-rasi di sabudeureunana.

Yésaya 13:21

Catetan Handap

  • *

    Atawa bisa jadi ”roh-roh jahat nu kawas embé”.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Yésaya 13:1-22

Yésaya

13 Ieu warta hukuman keur Babilon nu ditempo ku Yésaya anak Amoz dina titingalian:

 2 ”Angkat tanda* di gunung batu nu gundul.

Geroan maranéhna, pék gugupay,

Supaya maranéhna asup ka lawang-lawang para bangsawan.

 3 Kuring geus méré paréntah ka jalma-jalma nu dipilih* ku Kuring.

Kuring geus ngageroan para prajurit nu gumbira jeung agul

Pikeun ngahukum saha waé anu nyieun piambekeun Kuring.

 4 Déngékeun! Aya sora ribut-ribut di gunung-gunung,

Sorana kawas kumpulan jalma réa!

Déngékeun! Éta téh gumuruhna karajaan-karajaan,

Bangsa-bangsa nu karumpul!

Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, geus ngumpulkeun pasukan-Na pikeun perang.

 5 Maranéhna datang ti nagri nu jauh,

Ti tungtung-tungtung jagat.

Yéhuwa jeung senjata-senjata nu dipaké pikeun ngabudalkeun amarah-Na datang

Rék ngancurkeun sakuliah bumi.

 6 Geura ceurik tinggarerung, lantaran poé Yéhuwa geus deukeut!

Dina poé éta, Nu Mahakawasa bakal ngadatangkeun kabinasaan.

 7 Éta sababna jalma-jalma bakal laleungit kawani,

Leungeunna bakal ngaraplék.

 8 Jalma-jalma paciweuh.

Maranéhna bakal cécéngkéleun* jeung ngarasakeun kanyeri,

Kawas kanyeri awéwé nu rék ngajuru.

Maranéhna silih pelong pinuh ku kasieun,

Beungeutna bareureum bakating ku nyeri.

 9 Tempo! Poé Yéhuwa datang.

Éta téh poé anu bengis, sabab Anjeunna bakal ngabudalkeun amarah-Na.

Éta nagri bakal dijadikeun tempat anu pikasieuneun,

Jalma-jalma dosa di dinya bakal dibasmi.

10 Béntang-béntang jeung rasi béntang* di langit

Moal cahayaan.

Panonpoé bakal poék wanci meleték,

Bulan gé moal cahayaan.

11 Kuring bakal ngahukum penduduk bumi ku lantaran kajahatan maranéhna

Sarta ngahukum jalma jahat ku lantaran kasalahanana.

Kuring bakal nyingkirkeun kasombongan jalma nu lancang

Sarta ngarendahkeun jalma sombong nu kejem.

12 Manusa ku Kuring rék dijadikeun leuwih langka tibatan emas murni,

Leuwih langka tibatan emas Ofir.

13 Éta sababna langit rék digibrigkeun ku Kuring,

Bumi bakal gunjang-ganjing ngésér ti tempatna.

Dina poé éta, Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, bakal ngabudalkeun amarah-Na.

14 Masing-masing bakal balik ka bangsana sorangan,

Bakal kabur ka nagrina sorangan,

Kawas kijang nu diboro sarta kawas domba nu euweuh pangangonna.

15 Jalma nu kapanggih bakal ditubles,

Anu katéwak bakal dipaéhan ku pedang.

16 Ari barudakna bakal diremukkeun di hareupeun panon maranéhna,

Imah-imahna bakal dijarah,

Pamajikan-pamajikanana bakal diperkosa.

17 Kuring rék ngagerakkeun urang Média pikeun nyerang maranéhna.

Keur urang Média mah pérak téh euweuh hargaan.

Maranéhna gé teu resep kana emas.

18 Busur panahna bakal maéhan para pamuda.

Maranéhna moal karunya ka orok,

Moal karunya ka barudak leutik.

19 Sanajan Babilon téh karajaan anu pangmulyana,

Nagri nu éndah nu diagulkeun ku urang Khaldéa,

Kaayaanana bakal jadi kawas Sodom jeung Gomora basa diancurkeun ku Allah.

20 Babilon moal bakal dicicingan deui ku jelema,

Moal aya deui anu matuh di dinya ti jaman ka jaman.

Urang Arab moal masang ténda di dinya,

Moal aya pangangon anu mawa reureuh dombana ka dinya.

21 Babilon bakal jadi tempat sato-sato gurun,

Imah-imahna bakal pinuh ku bueuk.

Manuk onta bakal matuh di dinya,

Sarta embé leuweung* bakal ajrét-ajrétan di dinya.

22 Sato-sato galak bakal babaung di munara-munarana,

Anjing-anjing leuweung bakal babaung di istana-istanana nu méwah.

Waktuna Babilon diancurkeun téh geus deukeut, éta moal diengké-engké.”

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun