PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Yésaya 14
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Yésaya

      • Israél bakal matuh di nagrina sorangan (1, 2)

      • Panghina keur Raja Babilon (3-23)

        • Béntang nu moncorong ragrag ti langit (12)

      • Yéhuwa ngancurkeun Asiria (24-27)

      • Warta hukuman keur Filistia (28-32)

Yésaya 14:1

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”disina reureuh”.

Yésaya 14:2

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”nu baheula maksa maranéhna digawé”.

Yésaya 14:3

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”ngangkat”.

Yésaya 14:4

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”panghina”.

  • *

    Atawa ”Nu maksa digawé”.

Yésaya 14:9

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”Syéol”. Tingali Daptar Istilah.

Yésaya 14:11

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”Syéol”. Tingali Daptar Istilah.

Yésaya 14:14

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”awan”.

Yésaya 14:15

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”Syéol”. Tingali Daptar Istilah.

Yésaya 14:18

Catetan Handap

  • *

    As. ”imahna”.

Yésaya 14:19

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”dahan”.

Yésaya 14:25

Catetan Handap

  • *

    Tingali Daptar Istilah.

Yésaya 14:26

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”Panangan Allah geus siap pikeun nyerang”.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
  • 23
  • 24
  • 25
  • 26
  • 27
  • 28
  • 29
  • 30
  • 31
  • 32
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Yésaya 14:1-32

Yésaya

14 Yéhuwa bakal mikawelas Yakub, Israél bakal dipilih deui ku Anjeunna. Maranéhna ku Anjeunna bakal ditempatkeun* di nagri maranéhna. Urang asing bakal ngagabung jeung turunan Yakub sarta matuh bareng. 2 Jalma-jalma ti bangsa séjén bakal nganteur urang Israél balik ka lemburna. Geus kitu, ku turunan Israél, éta jalma-jalma bakal dijadikeun palayan lalaki jeung palayan awéwé di tanah nu dibikeun ku Yéhuwa ka maranéhna. Jalma-jalma nu baheula ngajadikeun urang Israél tawanan bakal ditawan ku urang Israél. Urang Israél bakal ngawasaan jalma-jalma nu baheula jadi mandor maranéhna.*

3 Waktu Yéhuwa ngajait* maranéh tina kanyeri, tina kahariwangan, sarta tina gawé paksa, 4 maranéh bakal ngucapkeun paribasa* ieu ka raja Babilon,

”Éta mandor* téh geus euweuh!

Geus taya deui nu nindes!

 5 Yéhuwa geus minggeskeun tongkat jalma jahat,

Tongkat para pamingpin,

 6 Nu haben baé neunggeulan bangsa-bangsa bari ambek,

Nu nalukkeun bangsa-bangsa jeung teu eureun-eureun nganiaya maranéhna.

 7 Sakuliah bumi ayeuna geus tengtrem, geus aman.

Jalma-jalma sarurak gumbira.

 8 Tangkal-tangkal juniper barungah ku karana manéh,

Kitu deui tangkal-tangkal aras Lébanon.

Éta tangkal-tangkal ngaromong kieu, ’Ti saprak manéh tiguling,

Euweuh nu nuaran urang.’

 9 Kuburan* geunjleung,

Mapagkeun manéh nu rék turun ka dinya.

Para pamingpin nu kejem di bumi,

Nu geus maraot, harudang ku karana manéh.

Sakabéh raja ti bangsa-bangsa séjén gé narangtung tina tahtana.

10 Kabéhanana pada ngomong kieu ka manéh,

’Geuning manéh gé lemah kawas urang!

Ayeuna manéh teu béda ti urang!

11 Kaagungan manéh dibawa turun ka Kuburan,*

Kitu deui sora alat musik manéh nu maké senar.

Bilatung-bilatung jadi kasur manéh,

Cacing-cacing jadi simbutna.’

12 Éh manéh, béntang pajar nu moncorong,

Manéh geus ragrag ti langit!

Éh manéh, nu sok nalukkeun bangsa-bangsa,

Ayeuna manéh geus digejrétkeun kana taneuh!

13 Di jero haté, manéh ngomong kieu, ’Aing rék naék ka langit,

Rék ngangkat tahta aing ngaluhuran béntang-béntang Allah.

Aing rék diuk di gunung tempat ibadah,

Di tempat nu pangjauhna di beulah kalér.

14 Aing rék naék ngaluhuran puncak méga,*

Rék nyaruaan Nu Maha Agung.’

15 Tapi manéh bakal digebruskeun ka Kuburan,*

Ka bagian liang kubur nu pangjerona.

16 Saha waé nu nempo manéh bakal neuteup.

Maranéhna bakal nilik-nilik manéh bari ngomong kieu,

’Ieu jelema nu ngoyagkeun bumi,

Nu ngendagkeun karajaan-karajaan téh?

17 Ieu jelema nu ngaburak-barik bumi jadi tanah gurun,

Nu ngancurkeun kota-kotana,

Jeung nu tara ngaleupaskeun tawananana téh?’

18 Raja-raja ti bangsa-bangsa séjén,

Kabéhanana dihormat waktu dimakamkeun

Di makamna* masing-masing.

19 Ari manéh mah moal dimakamkeun.

Manéh bakal dipiceun kawas sirung* nu pikageuleuheun.

Mayit manéh bakal katutup ku jalma-jalma nu paéh ditubles ku pedang,

Nu digurubagkeun kana liang nu loba batuna.

Manéh kawas bangké nu kaleyek-leyek.

20 Manéh mah moal dikuburkeun bareng jeung maranéhna,

Da manéh geus ngaruksak nagri manéh sorangan,

Maéhan rahayat manéh sorangan.

Turunan jalma jahat mah ngaranna moal disebut-sebut deui.

21 Siapkeun tempat keur maéhan anak-anakna nu lalaki,

Lantaran karuhunna geus dosa.

Ku kituna, maranéhna moal jadi kuat tuluy ngawasaan bumi

Sarta minuhan bumi ku kota-kota maranéhna.”

22 Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, ngucap kieu, ”Kuring bakal nyerang Babilon.”

Saur Yéhuwa, ”Kuring bakal mupus ngaran Babilon. Kuring gé bakal ngabinasakeun pendudukna nu nyésa, kaasup anak incu sarta turunanana.”

23 ”Babilon rék dijadikeun rawa-rawa sarta tempat cicingna landak, Babilon ku Kuring tangtu béak disapukeun,” saur Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga.

24 Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, geus sumpah kieu,

”Sakumaha nu geus dikersakeun ku Kuring, nya kitu pijadieunana.

Sakumaha nu geus diputuskeun ku Kuring, nya kitu nu bakal laksana.

25 Kuring bakal ngancurkeun Asiria di tanah Kuring

Sarta bakal ngaleyek manéhna di gunung Kuring.

Kai tanggungan* nu dipasangkeun ku manéhna ka umat Kuring rék disingkirkeun,

Sarta beban nu diteundeun ku manéhna dina taktak umat Kuring rék disingkirkeun.”

26 Allah geus siap ngagunakeun kawasa-Na pikeun ngahukum* sakabéh bangsa.

Éta nu geus diputuskeun keur sakuliah bumi.

27 Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, geus mutuskeun,

Saha nu bisa ngahalang-halang?

Anjeunna geus siap ngagunakeun kawasa-Na pikeun ngahukum,

Saha nu bisa nahan?

28 Dina taun maotna Raja Ahaz, aya warta kieu,

29 ”Éh urang Filistia, maranéh kabéh tong galumbira,

Pédah tongkat jalma nu ngahukum maranéh geus dipinggeskeun,

Sabab ti turunan éta oray bakal bijil oray matih.

Ti turunanana bakal bijil oray matih nu bisa hiber.

30 Waktu anak cikal jalma leutik keur dahar,

Sarta jalma miskin keur ngeunah saré,

Bangsa manéh ku Kuring rék disina paéh kalaparan,

Sarta nu nyésa bakal dipaéhan.

31 Éh lawang kota, geura ceurik tinggarerung! Éh kota, geura ngajerit!

Éh urang Filistia, maranéh bakal kasieunan!

Sabab aya haseup ngebul ti beulah kalér.

Pasukan musuh kabéhanana maju perang, euweuh saurang-urang acan nu tinggaleun.”

32 Para utusan éta bangsa kudu kumaha dijawabna?

Kudu dijawab yén Yéhuwa geus masang pondasi Zion,

Sarta umat-Na nu sangsara bakal nyalindung di dinya.

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun