PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Yésaya 16
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Yésaya

      • Terusanana warta hukuman keur Moab (1-14)

Yésaya 16:3

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”bayangan”.

Yésaya 16:5

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”asih satia”.

Yésaya 16:9

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”usim”.

  • *

    Atawa bisa jadi ”Lantaran surak perang geus kadéngé dina usum buah jeung usum panén”.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Yésaya 16:1-14

Yésaya

16 Kirim domba jalu ka pangawasa éta nagri,

Ti Séla ngaliwat ka tanah gurun

Nepi ka gunung kota Zion.

 2 Kawas manuk kabur tina sayangna,

Nya kitu penduduk Moab waktu meuntasan Walungan Arnon téh.

 3 ”Béré naséhat, jalankeun putusan.

Ti beurang, kalangkang* manéh téh jadikeun poék kawas peuting.

Sumputkeun jalma nu paburencay, ulah ngahianat ka jalma nu kabur.

 4 Hé Moab, muga-muga jalma-jalma nu paburencay téh matuh di nagri manéh.

Manéh sing jadi panyumputan maranéhna ti tukang ngancurkeun.

Tukang nindes bakal musna,

Moal aya deui nu digencét.

Nu ngaleyek batur bakal sirna ti bumi.

 5 Sanggeus kitu hiji tahta bakal diadegkeun, dasarna téh kaasih.*

Raja nu diuk dina éta tahta di kémah Daud bakal satia.

Anjeunna bakal adil waktu ngahakiman sarta bakal gancang ngajalankeun nu bener.”

 6 Urang geus ngadéngé ngeunaan kaangkuhan Moab, mani sombong pisan manéhna téh.

Manéhna adigung, angkuh, jeung gedé ambek.

Tapi ucapanana nu sombong téh ngan saukur omong kosong.

 7 Moab bakal nyeungceurikan kasusahna sorangan,

Kabéhanana bakal careurik tinggarerung.

Jalma-jalma nu diéléhkeun bakal saredih lantaran aringet kana kuéh kismis di Kir-harését.

 8 Kebon-kebon Hésbon gararing,

Tangkal-tangkal anggur Sibma gé layu.

Pangawasa bangsa-bangsa ngaleyek dahan-dahanna nu pinuh ku anggur.

Éta dahan-dahan tadina nyaliara nepi ka Yazér,

Ngarambat nepi ka tanah gurun.

Sirung-sirungna baréto nyebar nepi ka laut.

 9 Éta sababna abdi rék nyeungceurikan tangkal anggur Sibma kawas nyeungceurikan Yazér.

Éh Hésbon jeung Éléalé, cipanon abdi bakal nyurucud maseuhan maranéh,

Lantaran surak gumbira dina usum* buah jeung usum panén maranéh téh moal aya deui.*

10 Geus moal aya deui kabungah jeung kabagjaan di kebon buah.

Moal aya deui lagu gumbira atawa surak gumbira di kebon anggur.

Moal aya deui nu nincakan anggur di pameresan anggur,

Sabab karaméanana ku abdi geus dieureunkeun.

11 Éta sababna haté abdi ngalengis ku karana Moab,

Kawas senar harpa nu ngageter.

Batin téh ngenes ku karana Kir-harését.

12 Najan Moab susah payah ibadah di tempat pamujaan jeung ngadoa di tempat sucina, éta moal aya gunana.

13 Kitu firman Yéhuwa nu diucapkeun ti saméméhna kénéh ngeunaan Moab téh. 14 Ayeuna kieu saur Yéhuwa, ”Di jero tilu taun, sabiasa taun jalma nu buburuh, kamulyaan Moab bakal diganti ku kahinaan. Kaayaan éta nagri bakal kacow pisan. Pendudukna nu nyésa téh bakal saeutik pisan, jaba lemah deuih.”

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun