Yésaya
17 Ieu warta hukuman keur Damaskus:
”Damaskus moal jadi kota deui.
Éta bakal jadi tumpukan ruruntuhan.
2 Kota-kota di Aroér bakal diculkeun.
Éta bakal jadi tempat ingon-ingon darepa,
Moal sieun ku naon-naon.
3 Di Éfraim moal aya deui kota-kota nu dibénténgan.
Di Damaskus moal aya deui karajaan.
Kamulyaan jalma-jalma nu nyésa di Siria bakal leungit,
Sakumaha nu kaalaman ku urang Israél,” saur Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga.
4 ”Dina waktu éta, kamulyaan Yakub bakal sirna,
Awakna nu tadina lintuh bakal jadi begang.
5 Turunan Yakub bakal kawas kebon di Lebak Réfaim,
Nu sisikianana geus dipanén.
Mun rék dipulung gé sésana ngan saeutik.
6 Kawas tangkal zaitun nu dioyag-oyag pikeun dipanén,
Nu nyésa téh ngan saeutik,
Kari dua atawa tilu siki di pucukna pisan,
Kari opat atawa lima siki dina dahan-dahan anu aya buahan,” saur Yéhuwa Allah Israél.
7 Dina waktu éta, jalma bakal ménta tulung ka Nu Nyiptana, panonna bakal neuteup ka Allah Israél nu Suci. 8 Manéhna moal miharep deui kana mézbah-mézbah jieunan manéhna. Manéhna gé moal neuteup deui jijieunanana, nyaéta tihang berhala* atawa wadah dupa.
9 Dina waktu éta, kota-kota nu dibénténgan bakal kawas tempat nu diculkeun di leuweung.
Éta bakal kawas dahan nu diculkeun hareupeun urang Israél,
Bakal jadi tanah nu garing.
10 Manéh geus mopohokeun Allah nu nyalametkeun manéh,
Manéh geus teu inget ka Gunung Batu nu jadi bénténg manéh.
11 Ti beurang manéh nyieun pager keur pepelakan manéh,
Isuk-isuk binihna sirungan.
Tapi, hasil panénna musna waktu manéh keuna ku panyakit nu teu bisa diubaran.
12 Déngékeun! Aya sora ribut-ribut jalma réa,
Sorana kawas gumuruh laut!
Bangsa-bangsa raribut,
Sorana kawas cai ngagurujug!
13 Sora ribut-ributna bangsa-bangsa téh lir cai nu ngagulidag.
Allah bakal nyentak maranéhna, tuluy maranéhna kalabur ka tempat nu jauh.
Maranéhna kabur kawas huut di gunung nu katiup ku angin,
Maranéhna kabur kawas jukut garing nu katiup ku angin ngagelebug.
14 Ti peuting bakal aya nu pikasieuneun,
Tapi méméh isuk-isuk, musuh-musuh geus moal aya deui.
Éta nu bakal kaalaman ku jalma-jalma nu ngajarah urang.
Éta nu bakal kajadian ka jalma-jalma nu ngarampog urang.