PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Yésaya 19
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Yésaya

      • Warta hukuman keur Mesir (1-15)

      • Mesir bakal kenal ka Yéhuwa (16-25)

        • Mézbah keur Yéhuwa di Mesir (19)

Yésaya 19:1

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”awan”.

Yésaya 19:13

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”Mémfis”.

Yésaya 19:15

Catetan Handap

  • *

    Atawa bisa jadi ”boh dahan palem boh eurih”.

Yésaya 19:16

Catetan Handap

  • *

    As. ”leungeun”.

Yésaya 19:25

Catetan Handap

  • *

    As. ”warisan”.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
  • 23
  • 24
  • 25
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Yésaya 19:1-25

Yésaya

19 Ieu warta hukuman keur Mesir:

Tempo! Yéhuwa datang ka Mesir tumpak méga* nu ngabelesat.

Déwa-déwana Mesir bakal tingdarégdég hareupeun Anjeunna.

Urang Mesir gé bakal sarieuneun.

 2 ”Urang Mesir ku Kuring rék disina ngalawan urang Mesir deui,

Maranéhna bakal silih lawan.

Dulur ngalawan dulur, tatangga ngalawan tatangga,

Kota ngalawan kota, karajaan ngalawan karajaan.

 3 Mesir bakal bingung,

Rarancangna ku Kuring rék dikacowkeun.

Maranéhna bakal ménta tulung ka déwa-déwana nu taya gunana,

Ka tukang jampé, ka tukang manggil arwah, jeung ka tukang ramal.

 4 Urang Mesir rék disérénkeun ka dunungan nu bengis.

Maranéhna bakal dikawasaan ku raja nu kejem,” saur Gusti nu sajati, Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga.

 5 Cai laut bakal ngolétrak,

Walungan bakal garing pisan.

 6 Walungan-walungan bakal barau,

Kokocoran-kokocoran Walungan Nil di Mesir bakal saat jeung garing.

Eurih jeung jujukutan bakal baruruk.

 7 Pepelakan nu aya di sisi Walungan Nil, di tungtung Walungan Nil,

Jeung sakabéh lahan nu dipelakan binih di sapanjang Walungan Nil bakal gararing.

Éta bakal leungit katiup ku angin.

 8 Para nalayan bakal careurik,

Jalma-jalma nu nguseup di Walungan Nil bakal ceurik tinggarerung,

Jalma-jalma nu nebarkeun jaring di walungan bakal ngurangan.

 9 Tukang nyieunan baju tina rami,

Kitu deui tukang ninun kaén bodas bakal diéra-éra.

10 Tukang-tukang ninun bakal pegat harepan.

Jalma-jalma nu buburuh bakal nalangsa.

11 Para pamingpin Zoan téh barodo.

Juru-juru naséhat Firaun nu pangbijaksanana gé naséhatna teu kapaké.

Najan kitu, wawanianan maranéh ngomong kieu ka Firaun,

”Abdi téh turunan jalma nu bijaksana,

Turunan raja-raja jaman baheula.”

12 Éh Firaun, mana jalma-jalma manéh nu bijaksana téh?

Cik, sugan barisaeun nerangkeun ka manéh naon putusan Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, ka Mesir.

13 Para pamingpin Zoan téh tindakanana barodo,

Para pamingpin Nof* geus katipu,

Jeung para kapala kaom di Mesir geus nyasabkeun bangsana sorangan.

14 Mesir dikacowkeun ku Yéhuwa.

Para pamingpin geus bener-bener nyasabkeun urang Mesir.

Maranéhna jadi kawas jalma mabok nu tisolédat ku utahna sorangan.

15 Di Mesir, geus euweuh deui nu bisa migawé nanaon,

Boh hulu boh buntut, boh sirung boh jukut nu jarangkung.*

16 Dina waktu éta, Mesir bakal borangan jeung ngadégdég kawas awéwé, sabab Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, ngacung-ngacungkeun peureup* ka maranéhna. 17 Mesir bakal sieuneun ku tanah Yéhuda. Ngadéngé éta tanah disebut-sebut gé maranéhna mah geus ngeleper, sabab Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, geus netepkeun putusan keur maranéhna.

18 Dina waktu éta, bakal aya lima kota di Mesir nu pendudukna ngaromong ku basa Kanaan sarta sumpah rék satia ka Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga. Salah sahiji kotana bakal disebut Kota Ruruntuhan.

19 Dina waktu éta, di tengah-tengah Mesir bakal aya hiji mézbah keur Yéhuwa, sarta di wates tanahna bakal aya hiji pilar keur Yéhuwa. 20 Di Mesir, éta bakal jadi tanda jeung saksi keur Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga. Jalma-jalma nu ditindes bakal sasambat ménta tulung ka Yéhuwa, tuluy Anjeunna bakal ngutus hiji jalma nu agung nu bakal nyalametkeun maranéhna. 21 Yéhuwa bakal dikenal ku urang Mesir, sarta dina waktu éta, urang Mesir bakal wanoh ka Yéhuwa. Maranéhna bakal méré kurban jeung pangbakti, sarta nyieun ikrar ka Yéhuwa tuluy nedunan ikrarna. 22 Mesir bakal dihukum ku Yéhuwa, tapi sanggeus dihukum bakal dicageurkeun. Maranéhna bakal baralik ka Yéhuwa, tuluy paménta maranéhna bakal didéngé ku Anjeunna, geus kitu maranéhna bakal dicageurkeun.

23 Dina waktu éta, bakal aya jalan gedé ti Mesir ka Asiria. Urang Asiria bakal indit ka Mesir, urang Mesir bakal indit ka Asiria. Boh Mesir boh Asiria bakal babarengan ibadah ka Allah. 24 Dina waktu éta, Israél bakal milu ngagabung jeung Mesir sarta Asiria, tuluy bakal jadi berkah keur sakuliah bumi. 25 Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, bakal ngaberkahan maranéhna. Kieu saur Anjeunna, ”Kuring rék ngaberkahan Mesir umat Kuring, kitu deui Asiria karya Kuring, sarta Israél milik* Kuring.”

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun