Yésaya
2 Ieu nu ditingali ku Yésaya anak Amoz ngeunaan Yéhuda jeung Yérusalém:
2 Dina poé-poé panungtungan,*
Gunung tempat bumina Yéhuwa bakal ajeg,
Ngadeg ngaluhuran puncak-puncak gunung.
Éta bakal leuwih luhur tibatan pasir-pasir.*
Sakabéh bangsa bakal ngabring ka dinya.
3 Loba jalma bakal arindit sarta ngaromong kieu,
”Hayu urang nanjak ka gunung Yéhuwa,
Ka bumi Allahna Yakub.
Anjeunna bakal ngajar urang jalan-jalan-Na,
Sarta urang bakal nempuh jalan-jalan-Na.”
Sabab hukum* bakal kaluar ti Zion,
Firman Yéhuwa bakal kaluar ti Yérusalém.
4 Anjeunna bakal mutus perkara di tengah bangsa-bangsa,
Bakal ngaréngsékeun masalahna bangsa-bangsa.
Pedang-pedangna ku maranéhna dijieunan mata wuluku,*
Tumbak-tumbakna dijieunan péso pangkas.
Bangsa-bangsa moal silih perangan deui,
Malah moal diajar perang deui.
5 Hé turunan Yakub,
Hayu urang leumpang dina caang Yéhuwa.
6 Nun Allah, Gusti tos miceun umat Gusti, nyaéta turunan Yakub,
Lantaran maranéhna nurutan kabiasaan-kabiasaan nu asalna ti Wétan.
Maranéhna ngagunakeun élmu sihir kawas urang Filistin.
Loba turunan urang asing nu maratuh di antara maranéhna.
7 Nagri maranéhna pinuh ku emas jeung pérak,
Harta sisimpenanana teu aya watesna.
Kuda di nagri maranéhna kacida lobana,
Karéta perangna teu kaitung lobana.
8 Nagri maranéhna pinuh ku allah-allah nu euweuh gunana.
Maranéhna sujud ka barang jieunan sorangan,
Nu dijieun ku leungeunna sorangan.
9 Lamun manusa sujud, maranéhna jadi hina,
Moal mungkin dihampura ku Gusti.
10 Sok arabus ka gunung batu, geura nyarumput di jero taneuh,
Sabab amarah Yéhuwa téh pikasieuneun
Sarta kawasa-Na téh agung.
11 Jalma angkuh bakal direndahkeun,
Jalma sombong bakal tungkul.
Dina poé éta, ngan Yéhuwa nu bakal diagungkeun.
12 Éta téh poéna Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga.
Éta poé bakal ninggang ka kabéh jalma nu angkuh jeung sombong,
Ka saha waé, boh jalma penting boh jalma leutik,
13 Bakal ninggang ka sakabéh tangkal aras di Lébanon nu jarangkung jeung galedé,
Ka sakabéh tangkal ék di Basyan,
14 Ka sakabéh gunung nu laluhur,
Ka sakabéh pasir nu laluhur,
15 Ka sakabéh munara nu laluhur sarta ka sakabéh témbok nu karuat,
16 Ka sakabéh kapal di Tarsyis,
Jeung ka sakabéh parahu nu aralus.
17 Jalma angkuh bakal direndahkeun,
Jalma sombong bakal tungkul.
Dina poé éta, ngan Yéhuwa nu bakal diagungkeun.
18 Allah-allah nu euweuh gunana bakal sirna sama sakali.
19 Waktu Yéhuwa datang pikeun ngeundeurkeun bumi,
Jalma-jalma bakal arabus ka guha-guha di gunung batu
Sarta ka liang-liang di jero taneuh,
Lantaran amarah Anjeunna téh pikasieuneun
Sarta kawasa-Na téh agung.
20 Dina poé éta, jalma-jalma bakal nyarokot allah-allah nu euweuh gunana tina emas jeung pérak,
Nu dijieun ku maranéhna pikeun disembah.
Kabéhanana ku maranéhna dialungkeun ka cucurut jeung ka kalong.
21 Waktu Yéhuwa datang pikeun ngeundeurkeun bumi,
Jalma-jalma bakal arabus ka sela-sela gunung batu
Sarta ka sela-sela gawir,
Lantaran amarah Anjeunna téh pikasieuneun
Sarta kawasa-Na téh agung.
22 Demi kahadéan maranéh, ulah percaya ka manusa,
Nu butuh napas supaya bisa hirup.
Jang naon percaya ka maranéhna?