PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Yésaya 20
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Yésaya

      • Tanda keur Mesir jeung Étiopia (1-6)

Yésaya 20:1

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”panglima perang”.

Yésaya 20:2

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”ngider ngan maké pakéan jero wungkul”.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Yésaya 20:1-6

Yésaya

20 Dina taun Tartan* diutus ku Sargon raja Asiria pikeun merangan jeung ngarebut Asdod, 2 Yéhuwa nepikeun firman-Na ka Yésaya anak Amoz, ”Geura indit, laanan kaén goni dina cangkéng sarta laanan sendal manéh.” Seug ku Yésaya dilampahkeun. Manéhna ngider bari taranjang* jeung teu disendal.

3 Sanggeus kitu Yéhuwa nyarios, ”Yésaya hamba Kuring geus ngider bari taranjang jeung teu disendal salila tilu taun. Éta téh tanda jeung ramalan keur Mesir sarta Étiopia. 4 Engké, raja Asiria bakal ngaboyong urang Mesir jeung urang Étiopia nu ditawan, boh nu geus kolot boh budak. Maranéhna bakal leumpang bari taranjang jeung teu disendal, bujurna ka mana-mana. Mesir bakal direndahkeun. 5 Jalma-jalma nu tadina miharep ka Étiopia sarta ngagulkeun Mesir bakal sarieuneun jeung aréraeun. 6 Dina waktu éta, para penduduk di sapanjang basisir bakal ngomong kieu, ’Urang ménta bantuan ka bangsa-bangsa sarta ménta disalametkeun ti raja Asiria. Tapi, tuh tempo naon nu kaalaman ku bangsa-bangsa nu diandelkeun ku urang! Ayeuna kumaha urang rék salamet?’”

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun